Tahniah, mugi-mugi barokah kanggo balarea, amin. Ukay Karyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Alhamdulillah abdi bade ngiringan wisuda anu dinten sabtu enjing
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Ari di UI mah tos diterapkeun misahkeun wisuda program Diploma, S1 jeung S2/pesialis/S3. Nyeta kumargi beuki kadieu, lulusanana beuki nambih. Kapasitas tempatna oge terbatas. Jiga ayeuna, wisuda dibagi 3, jumaah siang (24/08) Wisuda Program S1, saptu enjing (25/08) wisuda Program pasca/spesialis/doktor, Saptu siang (25/08)Program Diploma. Rata-rata sakali wisuda teh aya kana 2000 wisudawan. Atuh ondanganana aya kana tiluan (pendamping suami/istri, orang tua). Sakali wisuda teh, aya kana 10.000 jalmi ngagimbung di balairung. Ari kapasitas rohangan ngan muat 8000 korsi. Biasana ari tahun ajaran enggal sok aya mahasiswa 9wajib pikeun mahasiswa anayar)anyar, anu kapeto jadi anggota paduan suara. Puguh wae atuh matak pabaliut. tapi pikeun para ondangan anu calik diluar rohangan disayagikeun tv monitor anu ngarekam prosesi upacara di lebet balairung sacara multimedia, aya 4 kamera anu dioperasikeun ku para mahasiswa D3 Broadcasting FISIP. --------- diteukteuk sapalih ku kuncen

