Assalamu'alaikum wr, wb. Alhamdulillah...., sim kuring poe ieu geus bisa nepungan abah Idja dalang wayang catur tea, sok sanajan rada hese oge neanganana sabab di cinunuk mah anjeuna teu di kenal yen anjeuna dalang wayang catur tapi arapalna teh yen bah Idja teh tukang ngala suluh. Sanggeus nyimpang heula ka kampung seni nu aya di desa cinunuk nya dituduhkeun imahna, satuluyna mah biur wae muru imahna bari dianteur mu tukang ojeg...hehehe Barang srog ka bumina...., ehmmm...beu..! matak ngaheulas geuning da anjeuna teh ukur nyiruruk di saung butut (teu pantes di sebut imah) bari jeung nunggeulis sorangan. saur tatanggana mah bah Idja teh hirup nyorangan da bojona geus ngantunkeun ti heula bari jeung teu boga turunan alias teu sanak teu kadang estuning hirup sorangan dina kaayaan anu geus kacida kolotna. Sok sanajan sabenerna mah eta oge disambat di kampung sening cenah mah ngan bah Idja nolak basana mah embung ngaripukeun batur cenah padahal umurna teh geus kawilang kolot (80 tahun). Insya Allah dina HBH nu bakal datang bah Idja kaasup salah saurang nu bakal narima pangleler ti Kusnet, mudah-mudahan bae dipanjangkeun umur saurna mah kalayan sehat jadi bisa datang diba HBH engke.
Sakitu lalampahan singget nepungan bah Idja salah saurang dalang wayang catur anu masih keneh makalangan sok sanahan teu jiga baheula keur ngora. sanes teu hoyong panjang ngadongeng tapi ieu waktu juma'ahan geus ngageroan, insya Allah ke disambung deui.... cag...ah, nuhun. "kkbm'69" -ke dina waktosna bah Idja kedah dianteur - jemput ku panata calagra HBH Kusnet.

