Ngan kade euy dina HBH ulah, marijah teuing komo bari gogonjakan. Antukna ke jiga kuncen ciela tea, ampir2 kasurupan siah hehehe!
--- In [email protected], "kang boim" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Assalamu'alaikum wr, wb. > Alhamdulillah...., sim kuring poe ieu geus bisa nepungan abah Idja > dalang wayang catur tea, sok sanajan rada hese oge neanganana sabab di > cinunuk mah anjeuna teu di kenal yen anjeuna dalang wayang catur tapi > arapalna teh yen bah Idja teh tukang ngala suluh. Sanggeus nyimpang > heula ka kampung seni nu aya di desa cinunuk nya dituduhkeun imahna, > satuluyna mah biur wae muru imahna bari dianteur mu tukang > ojeg...hehehe > Barang srog ka bumina...., ehmmm...beu..! matak ngaheulas geuning da > anjeuna teh ukur nyiruruk di saung butut (teu pantes di sebut imah) > bari jeung nunggeulis sorangan. saur tatanggana mah bah Idja teh hirup > nyorangan da bojona geus ngantunkeun ti heula bari jeung teu boga > turunan alias teu sanak teu kadang estuning hirup sorangan dina > kaayaan anu geus kacida kolotna. Sok sanajan sabenerna mah eta oge > disambat di kampung sening cenah mah ngan bah Idja nolak basana mah > embung ngaripukeun batur cenah padahal umurna teh geus kawilang kolot > (80 tahun). > Insya Allah dina HBH nu bakal datang bah Idja kaasup salah saurang nu > bakal narima pangleler ti Kusnet, mudah-mudahan bae dipanjangkeun umur > saurna mah kalayan sehat jadi bisa datang diba HBH engke. > > Sakitu lalampahan singget nepungan bah Idja salah saurang dalang > wayang catur anu masih keneh makalangan sok sanahan teu jiga baheula > keur ngora. sanes teu hoyong panjang ngadongeng tapi ieu waktu > juma'ahan geus ngageroan, insya Allah ke disambung deui.... > > cag...ah, nuhun. > > "kkbm'69" > -ke dina waktosna bah Idja kedah dianteur - jemput ku panata calagra HBH Kusnet. >

