salah harti kang. ari maksud kacai jadi saleuwi kadarat jadi salebak mah
nunjukeun maksud yen hirup kudu sauyunan. malah biasa diucapkeun pikeun
panganten. boh nu anyar atawa nu kasapuluh kalina.

ari hirup sauyunan mah, meureun, masih keneh kudu, masih cocog. piraku
kudu parasea bae.

ari cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok, hartina nunjukkeun sikep
tabah, sabar bari jeung tawakal. nu bodo pisan siga si kuring, ari diajar
terus-terusan mah, leukeun, teu burung...gelo. haha.

ari alon2 asal kelakon mah teuing timana jolna. ti wetan eta mah. tapi nu
jelas paribasa eta oge kontekstual. daripada gurung gusuh terus cilaka
atawa gagal, nya mending kitu.

paribasa jieunan guru matematika keur SMP Cihaurbeuti ciamis nu masih
keneh napel teh ieu, Rajin Membaca Merusak Mata! haha

mj

http://geocities.com/mangjamal


Paribasa nu geus teu cocog jeung kaayaan jaman:
  Nu ngahambat kamajuan prestasi atawa kamajuanana ngeteyep lila teung,
jadi weh kasusul ku batur:

Kacai jadi saleuwi kadarat jadi salebak.
Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok.


Alon alon asal kelakon (biar lambat asal selamat).

Mangga bilih bade nambihan!

Kang Trias



---------------------------------
Ready for the edge of your seat? Check out tonight's top picks on Yahoo!
TV.


Kirim email ke