Punten kang, salami diajar basa Sunda waktos SD, pribados henteu kantos 
mendakan paribasa alon-alon asal kelakon. Rasana eta paribasa teh dongkap ti 
urang Jawi.

Pribados anu odob ngaraos masih peryogi paribasa "ci karacak ninggang batu, 
laun-laun jadi legok". Pribados teh odob pisan upami diajar gerak sapertos dina 
senam atanapi dina "baris ber baris" oge dina olah raga bela diri; hese 
ngartosna. Kaleresan pribados kiwari nuju ngeureuyeuh diajar olah raga bela 
diri aikido, sanaos hese nerapna, kumargi aya paribasa "ci karacak ninggang 
batu, laun-laun jadi legok", pribados tetep sumanget.

Paribasa "kacai jadi saleuwi, kadarat jadi salebak" masih peryogi kanggo mupuk 
sikap sauyunan, gotong royong.

Eta mah pamendak pirbados, tiasa wae lepat.



joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               
 --- trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 
 > Paribasa nu geus teu cocog jeung kaayaan jaman:
 >   Nu ngahambat kamajuan prestasi atawa kamajuanana
 > ngeteyep lila teung, jadi weh kasusul ku batur:
 > 
 > Kacai jadi saleuwi kadarat jadi salebak.
 > Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok.
 > Alon alon asal kelakon (biar lambat asal selamat).
 > 
 > Mangga bilih bade nambihan!
 > 
 > Kang Trias
 > 
 >  
 >        
 > ---------------------------------
 > Ready for the edge of your seat? Check out tonight's
 > top picks on Yahoo! TV. 
 
 __________________________________________________________
 Be a better Heartthrob. Get better relationship answers from someone who 
knows. Yahoo! Answers - Check it out. 
 http://answers.yahoo.com/dir/?link=list&sid=396545433
 
     
                               


Asep

       
---------------------------------
Boardwalk for $500? In 2007? Ha! 
Play Monopoly Here and Now (it's updated for today's economy) at Yahoo! Games.

Kirim email ke