Inya Alloh, YP baris masihan beasiswa kanggo 10 barudak ti lemburna kang Ndoel Teja di Linggarjati Kuningan. Ageungna saurang Rp. 50.000/sasih jadi Rp. 500.000/bulan.
posisi kas YP aya 8 jutaan (rupiah sanes dollar atawa euro). jadi keur dana beasiswa sataun, diagehkeun 6 juta. 2 juta pikeun pabukon. tapi sangkan pabukon terus, nya dana beasiswa nu sasih engke mah dianggo heula pabukon. sugan jeung manawi nambah sasih ieu atawa sasih payun. bade dibayar/dikirim persasih. kamari kuwu/kepdesna ngasongkeun dua puluh urang, teu kuat sakitu mah. nya sina dipilih we sapuluh urang, prioritas anak yatim sherif lembur eta engke bade ngintun no.rek Bank Jabar cenah. Program Beasiswa ieu ngan ukur triger. Sugan urang sadayana keresa mantuan dulur, tatangga di lembur singkur jauh ti kota. kanu bade, tiasa ngalangkungan YP, atanapi -malah ieu nu langsung sae, langsung we ka lembur asal masing2. kecuali nu tos teu gaduh lembur sarakan banjar pamidangan alis geus jadi urang kota. ari carana mah nya ari lebaran, mudik, tiasa mariksa anak tatangga nu mana nu sakola tapi teu mampu. tiasa nitip ka wargi di lembur, jst. mun kabeh bisa kitu, Urang Sunda jeung Islam teh enya aya. sakitu heula, hatur nuhun mj http://geocities.com/mangjamal

