Kang Ndoell  iraha nyalon Kuwu, mun kuwuna Kang Ndoell Insya Allah majeng

Kebo
Bagongna Kang Ndoell

  ----- Original Message ----- 
  From: ndoell 
  To: [email protected] 
  Sent: Saturday, August 25, 2007 10:15 AM
  Subject: [Urang Sunda] Re: (YP) Program Beasiswa


  Nuhun Mang...
  Beja ieu ku abdi tos dikonfirmasikeun ka kuwu-na,
  malihan dina rapat sareng para sesepuh + BPD di Bale Desa,
  Program YP ieu teh dibewarakeun ka sakumna nu hadir. 

  YP bae nu jauh, milu mikiran barudak teu mampuh tapi 
  hayang sarakola, ari urang nu caricing di lembur 
  sorangan jiga nu api-api peureum. Mudah2an jadi picontoeun 
  warga di lembur nu rada bareunta, susuganan daek 
  mere bantuan ka tatangga-tatangga-na nu teu marampuh.
  Nuhun pisan ka YP, ka Kusnet ..

  kitu kira-kira cnah..

  -dul-

  --- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  >
  > 
  > 
  > Inya Alloh, YP baris masihan beasiswa kanggo 10 barudak ti 
  lemburna kang
  > Ndoel Teja di Linggarjati Kuningan. Ageungna saurang Rp. 
  50.000/sasih jadi
  > Rp. 500.000/bulan.
  > 
  > posisi kas YP aya 8 jutaan (rupiah sanes dollar atawa euro). jadi 
  keur
  > dana beasiswa sataun, diagehkeun 6 juta. 2 juta pikeun pabukon. 
  tapi
  > sangkan pabukon terus, nya dana beasiswa nu sasih engke mah 
  dianggo heula
  > pabukon. sugan jeung manawi nambah sasih ieu atawa sasih payun.
  > 
  > bade dibayar/dikirim persasih. kamari kuwu/kepdesna ngasongkeun 
  dua puluh
  > urang, teu kuat sakitu mah. nya sina dipilih we sapuluh urang, 
  prioritas 
  > anak yatim
  > 
  > sherif lembur eta engke bade ngintun no.rek Bank Jabar cenah.
  > 
  > Program Beasiswa ieu ngan ukur triger.
  > Sugan urang sadayana keresa mantuan dulur, tatangga di lembur 
  singkur jauh
  > ti kota. kanu bade, tiasa ngalangkungan YP, atanapi -malah ieu nu 
  langsung
  > sae, langsung we ka lembur asal masing2. kecuali nu tos teu gaduh 
  lembur
  > sarakan banjar pamidangan alis geus jadi urang kota. ari carana 
  mah nya
  > ari lebaran, mudik, tiasa mariksa anak tatangga nu mana nu sakola 
  tapi teu
  > mampu. tiasa nitip ka wargi di lembur, jst. mun kabeh bisa kitu, 
  Urang
  > Sunda jeung Islam teh enya aya.
  > 
  > 
  > sakitu heula,
  > hatur nuhun
  > 
  > mj
  > 
  > http://geocities.com/mangjamal
  >



   

Kirim email ke