tadi enjing-enjing sim kuring ngiringan maen angklung di kampus unpad di Jl. 
Dipati Ukur dina raraga pemecahan rekor angklung anu dipaenkeun ku 10000 jalma, 
reueus pisan sim kuring jadi mahasiswa unpad. Sakabeh mahasiswa jeung dosen oge 
guru besar Universitas Padjadjaran dibagi angklung hiji ewang tuluy maen 
dipingpin ku kang Syam ti saung angklung Udjo, sakabeh angklung anu dibagikeun 
ka tiap-tiap jelema meunang dibawa balik ka imahna sewang-sewangan. Lian ti eta 
aya oge menteri kebudayaan dan pariwisata, gubernur Jawa Barat, Penyanyi 
Andien, Gea Indonesian Idol, jeung Miss Indonesia. rekor eta lain ngan saukur 
rekor Indonesia tapi rekor dunia, persembahan Unpad keur angklung jadi bukti 
kacida perhatianana Unpad kana kabudayaan Indonesia anu loba diaku ku bangsa 
deungeun, muga-muga wae teu aya deui kabudayaan Indonesia anu diaku ku bangsa 
deungeu, ari bangsa indonesiana reueus tur ngamumule budayana. 


       
---------------------------------
Sick sense of humor? Visit Yahoo! TV's Comedy with an Edge to see what's on, 
when. 

Kirim email ke