Dinten ieu di Kompas & PR aya gambarna, Alhamdulillah...ngiring bingah & reueus, geuningan bangsa urang teh aya keneh "uget" Teu nyangki deuih, manawi teh bade raridho we angklung diaku ku batur :)
Wilujeng, ro2 --- In [email protected], ading Smith <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > tadi enjing-enjing sim kuring ngiringan maen angklung di kampus unpad di Jl. Dipati Ukur dina raraga pemecahan rekor angklung anu dipaenkeun ku 10000 jalma, reueus pisan sim kuring jadi mahasiswa unpad. Sakabeh mahasiswa jeung dosen oge guru besar Universitas Padjadjaran dibagi angklung hiji ewang tuluy maen dipingpin ku kang Syam ti saung angklung Udjo, sakabeh angklung anu dibagikeun ka tiap- tiap jelema meunang dibawa balik ka imahna sewang-sewangan. Lian ti eta aya oge menteri kebudayaan dan pariwisata, gubernur Jawa Barat, Penyanyi Andien, Gea Indonesian Idol, jeung Miss Indonesia. rekor eta lain ngan saukur rekor Indonesia tapi rekor dunia, persembahan Unpad keur angklung jadi bukti kacida perhatianana Unpad kana kabudayaan Indonesia anu loba diaku ku bangsa deungeun, muga-muga wae teu aya deui kabudayaan Indonesia anu diaku ku bangsa deungeu, ari bangsa indonesiana reueus tur ngamumule budayana. > > > > --------------------------------- > Sick sense of humor? Visit Yahoo! TV's Comedy with an Edge to see what's on, when. >

