Kanggo Kebo Hideung,
Mani kelar tah maca tulisan kajeun geuning wujud tina impian. Munel oge
falsafah anu dikandungna. Wilujeng ka Saderek!
Wassalam Djakaria di Jakarta
Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
MEGA BODAS
Ditulis ku: Kebo Hideung -Perum MB Kawalu Tasikmalaya
Kurang leuwih wanci janari gede kuring apruk-aprukan ka reuma dibarengan ku
caangna purnama, ngaliwatan walungan anu caina herang. Cep karasa tiisna cai
walungan, matak seger karasana mimiti tina dampal suku dugi kana bitis, kuring
kukucuprakan meuntas walungan.
Hanjat tina walungan kuring nuluykeun lalampahan mapay-mapay jalan satapak,
netek nanjak ngaliwatan kebon sampeu anu keur meujeuhna hejo daun. Beak
tanjakan kuring ngarenghap miceun kacape, alhamdulillah dugi oge ka puncak
reuma.
Dina akar kiara kuring diuk bari nyawang kaayaan dibeulah handap, kaciri
luar-leorna walungan anu tadi kukuring kaliwatan, bentes caina gugurilapan
katojo cahaya bulan. Ret ka lebah kenca katempo gerotna leuweung simagonggong,
ret kalebah katuhu katenjo ngemploh hejona pasawahan dihias ku rentulna saung
patani.
Aya kana satengah jam kuring nempoan pamandangan ti luhur reuma, tuluy
kuniang hudang maksud teh rek balik. Acan oge suku ngalengkah,
SubhanAllah..SubhanAlloh....Allahu Akbar..Allahu Akbar...! kuring asa ngimpi
tuluy gigisik...ah..lain ngimpi ieu mah tapi nyata. Mega bodas tiluhureun
kuring diuk, nyirorot ka handap jlag-jleg mangrupa manusa, warnana bodas
ngeplak ngan beungeutna teu mangrupa, mun ditilik-tilik mah jiga patung. Mega
bodas eta teu eureun-eureun nyirorot ka handap mangrupa jiga manusa.
Reuma anu sakitu legana pinuh ku barisan mega anu mangrupa manusa, walungan
anu sakitu panjangna katutup bodasna makhluk eta. Kabeh baris rapih ngiblat ka
lebah kulon ngabentuk formasi sholat. Subhanallah....kuring asa teu percaya asa
ngimpi makhluk mega eta keur ngadegkeun sholat.
Beres ngadegkeun Sholat eta makhluk anu ngajelma tina mega, ting belesat deui
kaluhur balik deui ka asalna jadi mega bodas.
Bareng jeung ngapungna mega bodas kuniang kuring hudang, tuluy gigisik bray
panon kuring beunta....Astagfirullah Al'adzim geuningan kuring teh
ngimpi...Allahu Akbar ngimpi teh bet kuendah...
Sajongjonan kuring ngahuleng luhureun dipan, kuring ngagebeg duh..Gusti
rumaos ibadah abdi can leres, rumaos abdi loba dosa, Ya Allah....hapunten sanes
kanten dosa abdi, Ya Allah...mudah-mudahan kupepeling ngaliwatan impian eta,
tiasa mancegkeun iman abdi...amien Ya Robbal Alamin.
TAMAT
Tasikmalaya, 28 Agustus 2008
---------------------------------
Fussy? Opinionated? Impossible to please? Perfect. Join Yahoo!'s user panel
and lay it on us.