Mairan seratan kang Trias, wirehna paciwit-ciwit lutung teh hiji kaulinan budak
nu hikmahna keur ngalatih "kecepatan respon" sareng melakeun sikep sportifitas.
Waktu kamari kalembur kuring asa diingetkeun deui kana hiji kalulinan budak nu
disifatna keur mawa ulin, ngabebenjokeun atawa ngupahan budak ceurik modelna
siga ayun ambing. Tapi ieu mah budakna dilahun bari ditangkeup terus bari
diunggut-unggut bareng jeung nu ngalahunna. Sajeroning
unggut-unggutan(ngagerakeun awak katukang-kahareup) nu ngalahun ngahaliring...
Unggut(ungut?) Iwung
Unggut Iwung
Ngala Iwung ka Cibitung
Ngala Pancar ka Mancagar
Baketes Ngala ka Seke
Dibeulahan ku Bedog Petok
Bedog Petok Nini Anteh!
Upami baraya aya nu terang hartosna atanapi sajarahna mangga dipedar, oge
bilih lepat oge kalimah-kalimahna pinuhun dilereskeun we kitu, sanes?:)
Atanapi mung di lembur eta wungkul kitu?
Haturnuhun,
siporenges
---------------------------------
Choose the right car based on your needs. Check out Yahoo! Autos new Car
Finder tool.