Abdi panasaran, nyobian ngotektak dina google, kapendak aya 361 kaca nu 
nganggo kecap paciwit ciwit lutung, Asa nyeepkeun waktos ari kedah mukaan 
sadaya mah, nya nu dibuka mung sababaraha kaca nu pangluhurna. 
  Dina  http://www.bandung.go.id/index.php?fa=pemerintah.detail&id=346 , si 
lutung sanes pindang ka luhur, tapi pindah ka tungtung. Janten kieu
  Paciwit ciwit lutung si lutung pindah ka tungtung.
  Timana atuh sumberna nya? aya aya bae.
  Dina wikipedia mung ngabahas cara-carana maenkeun ieu kaulinan.
  Kaca nu sanesna teu nyugemakeun, malih mah si google ngadon manggihan deui 
postingan abdi di ieu milis.
  Lagu sunda buhun seueur nu teu pikahartieun, seueur siloka sareng sindiran, 
sapertos contona lagu trang trang kolentrang postingan teh Roro nu teras rame 
diguar dugikeun ka manjang.
  Tah ayeuna kaulinan paciwit ciwit lutung teh silokana naon atuh, abdi ge teu 
terang nu pastina.
  Naha bet lutung?  Eta ktu  pedah sato lutung wungkul nu bisa nyiwit, sato 
sejen teubisaeun nyiwit.
  Naha maksudna ieu teh siloka yen urang teh kudu adil, kulantaran nu 
pangluhurna teu kaciwit, nya beak salagu kudu giliran nu panghandapna pindah ka 
luhur terus nyiwit leungun lawan nu tadi teu kaciwit, jadi adil sarerea kaciwit.
  Ari pangakuan yen US teh hideung mah salah meureun, kudu diralat, da teu 
kabeh lutung hideung, lutung nu di Hamburg mah coklat he he...
   
  Kang Trias
  

kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               Ke... 
maksadna kumaha, kang? Sugan tiasa dipedar ngeunaan 'sasakala' kaulinan 
paciwit-ciwit lutung dugi ka disebat aya patalina jeung US nu hideung... 
pangakuanana di lebah mana? da asana mah US mah, dibanding jeung bangsa2 di 
Indonesia, kaasup nu pangteuhideungna.... 


On 8/23/07, trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                            
        
Hiji pangakuan yen US teh boga pakulitan hideung, beda jeung walanda nu kulitna 
bodas, aya dina kaulinan barudak ceuk kolot baheula:
  Paciwit ciwit lutung, si lutung pindah ka luhur. 
  Keun bae hideung oge, mun teu hideung moal diaku US.







-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com  
     
                               

       
---------------------------------
Got a little couch potato? 
Check out fun summer activities for kids.

Kirim email ke