> kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Teu ukur sakadar hayang nyaho, tapi justru penting pisan, leuwih 
> penting batan nalungtik pamanasan global. Manusa kudu apal kumaha 
> sajarahna ngalaman evolusi sahingga nepi ka jadi manusa, ngarah ka 
> hareup urang ulah neruskeun
> ieu evolusi nepi ka balik deui jadi sabangsaning simpanseu... 

Hahaha....aya kamungkinan oge. Kuring sakapeung sok malaweung, naha 
bener jalma teh bisa langgeng  rewuan taun deui jadi padumuk dunya? 
Sabab lamun ningali ayeuna kahareup jalma teh beuki lila, beuki 
sumpek hirupna akibat ku kamajuan mikirna sorangan.

Contona dina widang enerji. Enerji fosil (minyak bumi jeung 
batubara) nu diabad 18 mah ngaleuya keneh, ukur dina jero 200 taun, 
ku kamajuan jalma, mimiti barareak. Baheula ngalana di darat, ayeuna 
mah geus di laut. Tadina di laut deet, ayeuna di laut jero. Tah 
lamun geus beak pisan, rek kumaha da sanajan ayeuna aya bahan-bakar 
alternatif, angger we moal nyukupan .....

Aya tilu kamungkinan nasib jalma kahareup.  Kamungkinan kahiji, 
jalma nu "survive" jalma unggul, nu bisa nyiptakeun atawa manggihan 
panimu sejen ngaganti anu geus beak. Jalma anu kurang kreatif, punah.

Kamungkinan kadua, jalma modern nu punah kulantaran sagala beak 
jeung teu manggihan alternatif keur ngaganti nu beak. Nu survive 
malah jalma nu ayeuna disebut jalma terasing dileuweung-leuweung.

Kamungkinan katilu, punah kabeh, siga dinasourus ...hehehehe, 
pangeusi dunya ukur dieusi ku virus, bakteri jeung sarangga samodel 
cucunguk nu geus kabuktian kalanggenganana, sabab cucunguk geus aya 
ti ratusan juta taun katukang ....

Baktos,
WALUYA
 

Kirim email ke