> From: "Wanddi Irfandi" <[EMAIL PROTECTED]>
> hampura ka para peneliti lain rek ngahinakeun, ngan leuwih
> hade mun nalungtik teh nu sakira-kirana aya manfaatna
> pikeun kamakmuran jeung kasajahteraan rahayat kabeh. hiji
> conto misalna isu pemanasan global. tah mun eta rarasaan
> sim kuring kacida pentingna pikeun balarea.

Uluh ari si Akang, mani teungteuinganan. Kieu kang, cenah salah sahiji nu 
ngabedakeun manusa jeung sato teh, nyaeta sifatna nu sagala HAYANG NYAHO. 
Sifat HAYANG NYAHO ieu nu akhirna ngahasilkeun peradaban manusa siga ayeuna. 
Para filsuf Yunani baheula, tatanggahan nempoan langit : nengetan panonpoe, 
bulan jeung bentang. Meureun ceuk jalma awam, para pamikir ieu disangka 
jalma rada sedeng, sabab apal keneh bentang dilangit tibatan tincakeun dina 
taneuh (ceuk cenah, Plato kungsi titajong da tatanggahan wae nempo langit). 
Tapi tatanggahan para pamikir ieu, rewuan taun saenggeusna, geuning aya 
gunana, jalma ayeuna ngarti langit teh naon, jeung bisa dimanfaatkeun, 
contona manusa ayeuna nareundeun satelit di langit keur kaperluan maranehna 
sorangan.

Jeung loba deui contona, hiji aktivitas elmu pangaweruh nu baheula mah siga 
euweuh gunana, ukur diomongkeun di kalangan para elmuwan wungkul, ayeuna 
malah jaradi barang pangabutuh : Radio, TV, Handphone ....Internet, 
obat-obatan ...jrrrd. Khususna dina Teori Evolusi (Teori Darwin), siga 
euweuh gunana, lamun nempona ukur tina ngalian taneuh, neangan tulang terus 
ditengetan. Tapi teori Evolusi sabenerna salah sahiji eusina kieu : Unggal 
Species mangkeluk hirup salawasna nyaluyukeun dirina jeung lingkungan keur 
ngalanggengkeun speciesna. Lamun mangkeluk ieu teu bisa nyaluyukeun diri, 
mangkeluk ieu bakal punah.

Tina prinsip ieu, mucunghul Elmu Lingkungan (Environmental Science),  elmu 
nu nengetan (mempelejari) hubungan/ pangaruh mangkeluk hirup jeung 
lingkunganana. Charles Darwin, salian ti "Bapa Teori Evolusi", tapi oge 
disebut "Bapa Elmu Lingkungan".

Kumargi akang nyebat-nyebat "pemanasan global" nu dipikahariwang bakal 
mangaruhan mangkeluk hirup di dunya ieu, tah KAHARIWANG ieu teh  mucunghul 
akibat manusa NYAHO tina teori Evolusi : Mangkeluk anu teu bisa nyaluyukeun 
diri jeung pemanasan global, bakal punah!

Balik deui kana soal asal-usul jalma, mungkin ayeuna mah teu aya gunana, 
sakadar keur hayang nyaho wungkul, tapi saha nu nyaho, jaga  ratusan atawa 
rewuan taun kahareup, aya gunana ..........

Baktos,
WALUYA 

Kirim email ke