Adun, Idun jeung Adin keur ngawangkong di hiji warung,
bari barangdahar beuleun ketan, dibaturan ku cikopi.
Perkara anu jadi wangkongan nyaeta lowongan pagawean
di nagri jiran.
Adun;Geus nyaho encan, aya lowongan pagawean di nagri
jiran?
Adin:Enya cenah ceuk beja di koran mah rame pisan
ngomongkeun nagri jiran!
Idun:Alah, uing mah sakola SDna oge teu tamat, bisa
kitu ngalamar
Adun: Puguh oge tanaga anu diperlukeun teh teu perlu
sakola luhur-luhur, leuwih alus lamun buta huruf, tapi
bisa ngomong basa Inggris saeutik
Adin:Geuning aya pagawean nu teu kudu make ijasah
sakola?
Adun:Enya, sabab pagawean ieu, lain otak anu dipake,
tapi otot alias rosa tanaga.
Idun:Ari kitu, naon anu dipigawe?
Adun: Jadi POLISI purah ngagebugan PENDATANG HARAM.
mrachmatrawyani
____________________________________________________________________________________
Take the Internet to Go: Yahoo!Go puts the Internet in your pocket: mail, news,
photos & more.
http://mobile.yahoo.com/go?refer=1GNXIC