Aya lalaki mani gumbira pisan pas rek diuk dina bangku kareta api,
digigireunana aya wanoja geulis geus diuk. Lumayan, pikirna, aya
batur ngobrol yeuh tamba kesel.
Tapi si wanoja teh pagaweanana ngan maca buku wae. Keur supaya teu
tiiseun wae, si lalaki teh ngamimitian nanya:
"Bade ujian Neng ....geuning maca terus?"
"Oh ...sanes, abdi nuju ngayakeun panalungtikan", ceuk si geulis teh.
"Panalungtikan perkawis naon?"
"Ehm ...eta perkawis hubungan etnis sareng alat vital lalaki", cenah
serieus bari teu euleum-euleum.
Si lalaki teh ngarenjag tapi jadi panasaran, "Parantos aya hasilna?"
"Parantos aya sakedik. Nu urang Bali mah bentukna sae, sigana aya
hubunganana jeung kabiasaan kana ukar-ukir. Ari nu urang Batak mah
ararageung, sigana kulantaran kapangaruhan ku kabiasaan nyarios
tarik. Nu urang Sunda mah pararanjang da eta resep disasarung"
"Wah ...wah ...narik oge yeuh hasilna, eh ...urang teu acan
wawanohan, dupi nami Eneng saha?"
"Abdi Lisa, dupi Akang saha?"
Bari jumawa, si lalaki teh ngomong: " Eh ... nami abdi I NYOMAN ASEP
SIAHAAN!"
{tarjamahan tina millis Apakahabar]
Baktosna,
WALUYA