Ha ha......lengkepnya/kumplitnya bah

On 8/30/07, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Aya lalaki mani gumbira pisan pas rek diuk dina bangku kareta api,
> digigireunana aya wanoja geulis geus diuk. Lumayan, pikirna, aya
> batur ngobrol yeuh tamba kesel.
>
> Tapi si wanoja teh pagaweanana ngan maca buku wae. Keur supaya teu
> tiiseun wae, si lalaki teh ngamimitian nanya:
>
> "Bade ujian Neng ....geuning maca terus?"
>
> "Oh ...sanes, abdi nuju ngayakeun panalungtikan", ceuk si geulis teh.
>
> "Panalungtikan perkawis naon?"
>
> "Ehm ...eta perkawis hubungan etnis sareng alat vital lalaki", cenah
> serieus bari teu euleum-euleum.
>
> Si lalaki teh ngarenjag tapi jadi panasaran, "Parantos aya hasilna?"
>
> "Parantos aya sakedik. Nu urang Bali mah bentukna sae, sigana aya
> hubunganana jeung kabiasaan kana ukar-ukir. Ari nu urang Batak mah
> ararageung, sigana kulantaran kapangaruhan ku kabiasaan nyarios
> tarik. Nu urang Sunda mah pararanjang da eta resep disasarung"
>
> "Wah ...wah ...narik oge yeuh hasilna, eh ...urang teu acan
> wawanohan, dupi nami Eneng saha?"
>
> "Abdi Lisa, dupi Akang saha?"
>
> Bari jumawa, si lalaki teh ngomong: " Eh ... nami abdi I NYOMAN ASEP
> SIAHAAN!"
>
> {tarjamahan tina millis Apakahabar]
>
> Baktosna,
> WALUYA
>
>  
>

Kirim email ke