aeh bener Mang Je, asa ka ingetan, sikuring baheula kungsi surfing terus manggihan "Gema Jabar " anu ngayakeun kursus kapingpinan sunda tapi dilacak teh teu jelas alamatna. Kamari aya posting ti Mang Je, jadi ka ingetan tapi terus kaburu ku ..... (titik) jadi teu kungsi mairan perkara ieu. Mang Je nu kasep, pang nepikeun ka gema jabar lamun aya kursus kapamingpinan sunda keur anu umur 40-an ka luhur sikuring daftarkeun, lamun can aya program eta di usulkeun ka gema jabar supaya nyadiakeun program berjenjang, ulah keur barudak ngora wungkul. Jadi sasaranna kadernisasi pamingpin sunda dina sagala widang, sugan wae ari ditarekahan kitu mah leuwih tereh ka ala hasilna. Inohong Gema Jabar teh saha bae, Mang? aya kitu alamatna, email, telp, kantor, kontak person atawa naon baelah.
Wassalam, dudi_ss ----- Original Message ----- From: mj To: [email protected] Sent: Thursday, August 30, 2007 2:43 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Sejumlah Tokoh Bangkitkan Ki Sunda ayeuna keur diayakeun latihan kepempinan pemuda sunda nu ka 6 di gedong patriot nu gaduh hajat, Gema Jabar, gerakan masyarakat jawa barat. dina name tag panitia, aya sababaraha pausahaan nu sigana jadi sponsor, ti pamarentah aya depsos. Gema Jabar minangka kumpulan US di jakarta geus prak, programna khas, mekelan wawasan softskill ka barudax Sunda. ayeuna nu ka 6, hartina kurang leuwih geus 600 barudak sunda milu acara eta. lumayan. On 8/30/07, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Baraya sadaya, Loba gagasan, loba kahayang, loba oge paguyuban, kumpul-kumpul, konggres-konggres perkara ngokolakeun bangsa sunda, contona para inohong ieu tapi rek nepi ka iraha urang kikieun teh, iraha urang rek boga koordinator bangsa sunda? henteu rencana jeung henteu aya target, keun bae bari leumpang sahayuna, sugan dihareup aya bungkeuleukanana. Wassalam, dudi_ss

