Assalamu'alaikum wr.wb.,
Ninggalian daftar anu bade hadir dina catetan kang Ndoell
geningan teu acan seueur anu bade ngiringan Halal bi halal KUSnet
2007teh,kamarana yeuh?
padahal waktosna kirang ti 2 sasih deui oge kirang ka hari H teh.
Sakali deui we ieu mah moal bosen2, bade nawisan kanggo baraya sadayana
anu aya di milis KUSnet ieu teu aya anu di wilah-wilah estu sadayana anu
ngaraos ngiringan ieu milis,
Simkuring oge rengrengan panata calagara sareng sesepuh KUSnet,seja ngulem
ka para saderek sadayana kanggo sumping dina acara Halal bi Halal KUSnet
2007, anu rencana bade diayakeun :
Tempat : Bumi Perkemahan Mashudi (kiara Payung) Jatinangor
Waktos : Dinten saptu ping 27 Okt.'07 jam 10:00 dugi ka dinten Minggon
ping 28 Okt.'07 jam 12:00
Acara : - Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan antar anggota milis
- Ngaleler Pangajén ka Budayawan / Seniman seni Sunda
buhun
- Ceramah Kasundaan
- Pintonan Kasenian SUNDA
- Bazaar KUSnet
- begadang bari siduru, bari beubeuleuman jsté.anu
diteraskeun enjingna ;
- Bakti Sosial kanggo masyarakat sabudeureun lokasi HBH
Kalintang pentingna ieu acara kanggo urang sadayana, terutami kanggo tetep
ngajaga,ngariksa sareng manjangkeun tali silaturahim diantara papada Urang
Sunda sadayana,khususna anu aya dimilis KUSnet ieu,kukituna di harepkeun
pisan kana kasumpinganana para saderek sadayana.
Atuh kanggo anu bade ngersakeun rurumpaheun sumping kana ieu acara, sim
kuring meredih nyuhunkeun karidoanana kanggo daftar heula sateuacana,
supados tiasa ngabantos kana kalancaran administrasi sareng gampang
utang-etang waragadna kanggo rengrengan panata calagara.
Kukituna mugia para saderek kersa ngeusian heula formulir dipalih handap
ieu :
-----------------------------------------------------------------
FORMULIR NGIRING atanapi HENTEUNA KA HBH/KONGRES KUSNET 2007
27 ~ 28 Oktober 2007
Ngiringan : Badé / Moal (pilih*)
Nami :.....................................................
Padumukan :................................................
I-mél :....................................................
No. telpon / Hapé :........................................
Jumlah nu badé sumping : ..... dewasa & .... murangkalih
Kendaraan : Motor / Mobil / Umum
-----------------------------------------------------------------
teras dikintun deui ka milis atanapi langsung di Japri(jalur Pribadi) ka
kang Ndoell : [EMAIL PROTECTED]
Hatur rewu nuhun kana sagala perhatosan para wargi sadayana.
wassalam,
Panata Calagara HBH KUSnet 2007,
-toni sofian-
Wk. Pupuhu
URANG SUNDA HUDANG EUY!!!