Hag Siah.....palangsiang simkuring moal tiasa ulubiung satadina mah hayang 
miluan HBH sabab ti ngawitan dugi ka nu ayeuna tacan tiasa tepang sareng baraya 
kusnet,margi gaduh hamcaeun oge nyaeta barudak BKC Bandung Korea Comunity aya 
acara oge di Pangalengan. aduh kumaha nya ari manawi teh teu amprok waktosna 
mangkaning ieu teh nu diantos antos hoyong wanoh sareng baraya kusnet jabi ti 
rorompok ka kiarapayung mah kantun mipir ka kebon awi bras we ka kirapayung da 
rorompok di wewengkon cileunyi kulon, aduh kumaha nya........, naha bedokeun 
wae kitu ka BKC ?  
  .....Yanto....
  Urang Sadang Cibiru Cileunyi Kulon
  Kabupaten Bandung Wetan
  Wilujeng Boboran Syiam
  
"Agus K \"PAKUSARAKAN\"" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          heueuh kuring oge rarasan mah geus daftar da' he he he
di sebutkeun nu geur daftar bisa daftar dua kali kang


  On 9/5/07, K7/P1 < [EMAIL PROTECTED]> wrote:            mun teu salah kuring 
mah asa tos daftar, he...he....
  


  On 9/3/07, [EMAIL PROTECTED] < [EMAIL PROTECTED]> wrote:            
Assalamu'alaikum wr.wb., 


Ninggalian daftar anu bade hadir dina catetan kang Ndoell
geningan teu acan seueur anu bade ngiringan Halal bi halal KUSnet 
2007teh,kamarana yeuh? 
padahal waktosna kirang ti 2 sasih deui oge kirang ka hari H teh. 

Sakali deui we ieu mah moal bosen2, bade nawisan kanggo baraya sadayana anu aya 
di milis KUSnet ieu teu aya anu di wilah-wilah estu sadayana anu ngaraos 
ngiringan ieu milis, 
Simkuring oge rengrengan panata calagara sareng sesepuh KUSnet,seja ngulem ka 
para saderek sadayana kanggo sumping dina acara Halal bi Halal KUSnet 2007, anu 
rencana bade diayakeun : 

Tempat        : Bumi Perkemahan Mashudi (kiara Payung) Jatinangor 
Waktos        : Dinten saptu ping 27 Okt.'07 jam 10:00 dugi ka dinten Minggon 
ping 28 Okt.'07 jam 12:00 
Acara                : - Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan antar anggota milis
                 - Ngaleler Pangaj¨¦n ka Budayawan / Seniman seni Sunda buhun
                 - Ceramah Kasundaan
                 - Pintonan Kasenian SUNDA
                 - Bazaar KUSnet
                 - begadang bari siduru, bari beubeuleuman jst¨¦.anu 
diteraskeun enjingna ;
                 - Bakti Sosial kanggo masyarakat sabudeureun lokasi HBH 


Kalintang pentingna ieu acara kanggo urang sadayana, terutami kanggo tetep 
ngajaga,ngariksa sareng manjangkeun tali silaturahim diantara papada Urang 
Sunda sadayana,khususna anu aya dimilis KUSnet ieu,kukituna di harepkeun pisan 
kana kasumpinganana para saderek sadayana. 

Atuh kanggo anu bade ngersakeun rurumpaheun sumping kana ieu acara, sim kuring 
meredih nyuhunkeun karidoanana kanggo daftar heula sateuacana, supados tiasa 
ngabantos kana kalancaran administrasi sareng gampang utang-etang waragadna 
kanggo rengrengan panata calagara. 

Kukituna mugia para saderek kersa ngeusian heula formulir dipalih handap ieu : 

-----------------------------------------------------------------
FORMULIR NGIRING atanapi HENTEUNA KA HBH/KONGRES KUSNET 2007
27 ~ 28 Oktober 2007

Ngiringan : Bad¨¦ / Moal (pilih*)

Nami :.....................................................
Padumukan :................................................
I-m¨¦l :....................................................
No. telpon / Hap¨¦ :........................................
Jumlah nu bad¨¦ sumping : ..... dewasa & .... murangkalih
Kendaraan : Motor / Mobil / Umum

-----------------------------------------------------------------
teras dikintun deui ka milis atanapi langsung di Japri(jalur Pribadi) ka kang 
Ndoell : [EMAIL PROTECTED] 

Hatur rewu nuhun  kana sagala perhatosan para wargi sadayana. 


wassalam, 
Panata Calagara HBH KUSnet 2007, 


-toni sofian- 
Wk. Pupuhu 

URANG SUNDA HUDANG EUY!!! 










-- 
::ri_1::
Hompage : http://inawan.blogspot.com 
                 http://inawan.blogs.friendster.com 
Mobile     : +62-818-109410
www.urang-sunda.or.id.
su.wikipedia.org
[email protected] 
[EMAIL PROTECTED]
urangtasik.multiply.com
inawan.multiply.com   








-- 
-----------------------------------------------------------
AGUS PAKUSARAKAN
08128377662
www.hr-uwj.com (mangga geura deu2l dulur urang rek manggung 
-----------------------------------------------------------
Koperias Amanah Sunda 
www.inkas.wordpress.com
www.azzoman.wordpress.com 
www.azzoman.indonetwork.co.id
www.indonetwork.co.id/azzoman
--------------------------------------------------------------------- 
http://aguspakusarakan.blogspot.com/
http://geocities.com/prabu_siliwangi
http://geocities.com/lodaya_9
http://siliwangi.blogs.friendster.com   

                         

       
---------------------------------
Moody friends. Drama queens. Your life? Nope! - their life, your story.
 Play Sims Stories at Yahoo! Games. 

Kirim email ke