Lalayangan teh hiji kaulinan nu dipikaresep boh ku budak ngora atawa oge ku 
remako (remaja kolot). Bentukna jiga sagi opat dijieun tinu kertas ipis, bisa 
oge tina kertas wajit. Ari warna langlayangan teh rupa-rupa baheula mah aya cap 
botol cap 11, jrrd. Ieu langlayang teh ilaharna mah sok dijualan di tukang nu 
ngajualna hargana rupa-rupa, aya oge nu nyieunan sorangan. Biasana maen 
langlayang teh di lapangan nu gede bisa dilapangan sepakbola, sawah atanapon di 
tempat-tempat samodel loteng, jeung deui biasna so ngapungkeun langlayang teh 
rada pasosore sabab rada iuh.
   
  Langlayang teh bisa oge bari ngadu, ngadu na mah bisa paluhur-luhur atawa 
ngadu bari paalus-alus gelasan. Ngomong soal gelasan nu apal mah cenah baheula 
gelasan mambo teh maen na kudu di ulur, ari gelasan bereum atawa hideung kudu 
ditarik. Aya deui gelasan pucuk cau cenah mah kudu dipanteng. Nya mereun ieu ge 
kumaha arah angin weh.
   
  Sakapeung mah mun ningalian nu nyieun langlayang teh asa ku ngarareunah amat. 
Si tukang nyieun teh ilaharna neangan awi nu rada ngora laju weh di raut ni 
hiji jadi bikang na nu hiji jadi jaluna. Ari nu jaluna kaluhurna mah teuas ari 
kahandap na rada ipis, ari bikangna tangah-tengahna rada teuas sisina rada 
ipis. Laju weh di talian kawas palang kitu nu jaluna sina nangtung ditalian ku 
bikangna di saparapat jangkuna sijalu. Sanggues ditalian kitu tungtungna  
sijalu jeung sibikang teh ditalian deui keu benang sangges beres tinggal 
nempelkeun kertas na bisa wae make lem takol atawa lem aci nu sok ngahaja 
nyieun heula. Sanggues beres ditempet diguntingan meh rada rapih laju weh make 
cap ku sakahayang nu nyieunna.
   
  Laju weh silanglayang teh di talitimba, aya oge nu nyebut tali katimba. Ieu 
fungsina meh langlayang bisa ngapung, nu mana jinisna talitimba teh rupa rupa, 
ari ilaharna mah talitimba teh nalian na ka jaluna nu hiji disambungan atawa di 
tengah-tengah sambungan sijaku jeung sibikang na hiji sambungan deui dina 
handap jaluna, molongan na oge rupa-rupa bisa make roko atawa make nyere. Biasa 
nu jadi talitimba mah make gelasan nu rapet dua aya oge nu make kenur. Nang 
dinu talitimba ieu mun can biasa mah langlayang teh bisa gedeg atawa hampang 
teuing sok komo mun langlayang kempot mah teu ngeunaheun. Hiji deui cara 
talitimba bisa di sisi bikang na di talian jeung hiji deui di jalu nu 
panghandapna.
   
  Langlayang teh rupa-rupa oge, ari keur aduan mah rada leutik jeung ilaharna 
nu jaluna sok disuit meh ngabekbrek pas diluhur na, aya deui langlayang nu 
bentukna galabag kawas pepetek jeung oray-orayan. Ari pepetek mah kawas lauk 
disisina aya kawas leuleungan, ari oray-orayan mah ilaharna sok 
papanjang-panjang buntutna jeung mun deuk ngapungkeun pepetek atawa oray-orayan 
mah ngapungkeun na kudu rada jauh sabab neangan angin nu rada gede tea, sok 
komo ngulurna na mah ari geus ngapung mah rada hampang pisan. Sakapeung oge 
pepetek atawa ora-orayan mah sok make kupu-kupu, ilaharna di kupu-kupu ieu sok 
ditempelan samodel kertas-kertas sabab si kupu-kupu teh disaupkeun bolongna 
kanu kenur nepikuen kaluhur geus luhur mah ngabuka weh.
   
  Tah ari langlayangan keur adu mah ilaharna nu maenna sok pa alus-alus 
gelasan, malahan mah cenah mun gelasan na mahal eta gelasan teh alus. Ari gaya 
nu ngadu na loba pisan aya ku cara make maen ulur ari ieu mah kudu 
papanjang-panjang kenur, aya nu make cara ngabedol ieu cara teh kudu 
pacepet-cepet ngabedol bisa oge make cara ngajeblag. Sakapeung mah aya nu sok 
make konci ieu cara teh si kenur diasupekun kanu olong konci bari nu nyepoeng 
konci teh lumpat satarikna.
   
  Tah biasana nu pegat langlayangan na teh elehna ku rupa-rupa aya nu kakobok 
lantaran dibongohan geus maen jauahan ujug-ujug dikobok weh kubatur, aya oge 
gelasan na goreng. Dinu gelasan oge sakapeung aya nu sok make gelasan kenur 
ceuk cenah mah ieu gelasan teh rada liat jeung mun batur pegat teh langlayang 
na teh tinggal ngotok weh. Tapi mun teu bisa kabangkol geus loba nu moro 
langlayangan teh, nya cara na teh rupa rupa bisa oge make cara ngotok tea 
didinya si tukang ngotok teh di kenur langlayangna teh geus make nyere di 
ditalian ameh si nu pegat teh kabangkol, aya oge mun nu make cara ilaharna mage 
gantar awi papanjang-panjang di luhur na sok make dahan awi leutik nu garing. 
Tah geus beunang mah sok loba nu ngomong “los los euy ” atawa “ beunang beunang 
euy “.
   
  Sakapeung nu eleh atawa nu pegat langlayangan teh sok rada aral, komo deui nu 
maen ulur mah kudu ngagolongan kenur teh tinu golongan na. Sakapeung deui oge 
sok aya nu heureuy ngarorod gelasan na nepikeun kabeka atawa megatkeun tali 
kenurna, aya oge nu sok nalian make daun, nya antukna nyelap ditangkal atawa di 
kenteng imah. Nu ngarorod mah meuren jadi boga kenur keur nambahan golongan na 
ari nu dirorod kenur beak bari ambeuk ambeukan sakapeung mah so ngontrog 
neangan nu ngaorod eta gelasn manehna.
  5 September 2007 jam satengah sabelas peuting di kostan na dudi.
  [EMAIL PROTECTED]  - http://virtual.co.id 
   
  
       
---------------------------------
 Yahoo! Answers - Get better answers from someone who knows. Tryit now.

Kirim email ke