A N E H (2) Lalaki nu hareupeun kuring ngomong,"Wah, gak salah lagi yang tadi itu copét!!" bari ngomongna rada mesém. Anéh. Teu lila manéhna ngobrol jeung babaturanana nu tiluan jiga nu keur baradami ku basa "peuntas" (Sumatera) teuing ngaromong naon*.
Sup hiji budak awéwé maké saragam SMA asup kana angkot, diuk nyempod dihareupeun awéwé gendut tadi. Lampu héjo, diusss* angkot nu ditumpakkan ku kuring jalan deui. Teu lila,"Kiri*kiri*!" dua lalaki nu ngomong maké basa peuntas tadi turun. Nu dua deui teu ngilu turun, tapi teu daék cicing carulang cileung. Komo, nu hiji deui mah ngorék waé kantong dina lahunana jiga nu sieuneun dicokot batur, bari angger ngomong maké basa maranéhna. Ngan jarak 50m, angkot dieureunkeun deui, maranéhna turun. Kuring ngan bati olohok wungkul* teu ngarti, sakitu jeung babaturan tapi turunna ngan duaan-duaan dina jarak nu deukeut pisan. Anéh. Angkot jalan deui, supirna langsung ngomong ka awéwé gigireunana,"Wah, gak salah lagi yang barusan pasti COPÉT! Saya hapal wajah-wajahnya, pemain lama!" Atuh ti harita panumpang nu kabéhanana awéwé réang ngedalkeun eusi haténa, jadi teu puguh bandunganana. Kuring karék ngarti kana kajadian-kajadian nu matak anéh tadi sangeus ngadéngékeun ti omongan supir jeung panumpang sejen. Sihoréng 5 panumpang lalaki nu maké basa peuntas tadi naék ti Gg Ijan Kebon Kalapa. Unggal aya panumpang nu anyar naék, langsung diéntép ku dua lalaki bari culang-cileung atawa melong babawaan panumpang séjén bari guruyam garayam néangan picopeteun. Ceuk kirata (kira-kira tapi nyata) supir, maranéhna tas "balarangsiar", jiganamah karék hasil nyopét ti si Bapa urang Jawa nu diuk tukangeun supir. Maranéhna tarurun di Leuwi Panjang da geus beubeunangan. Kuring jadi inget reuwas-inget reuwas kana kajadian tadi. Kumaha mun lalaki nu limaan éta téh narodong atawa ngarogahala? Mangkaningan awéwé wungkul?! Kuring karék ngarti kunaon awéwé nu sok sabeus jeung kuring buru-buru pindah ka hareup? Sihoréng manéhna geus curigaeun ti mimiti nénjo lalaki nu ngadak-ngadak kram sukuna. Kuring karék ngeuh, kunaon awéwé nu nyempod di deukeut kuring teu pindah atawa turun sakalian? Sihoréng manéhna keur gedé reuneuh, boro-boro pindah da keur meujeuhna bubureuyeung*Manéhna teu bisa walakaya, ikhlas. Sapaparat jalan, supir angkot nu ditumpakkan ku kuring tuluy ngabuciay ngomongkeun éta gorombolan copét. Mun pas kabeneran papanggih jeung baturna nu sarua supir angkot manéhna ngomong,"Sial euy poé ayeuna*aing kabagéan panumpang copét wungkul! teu kira-kira meuni loba!". Kabeneran aya nu némbalan,"Nyaho aing mah! Limaan nya?! Jarangkung badag! Lain urang Sunda da, jiga urang peuntas! Wah, étamah geus mindeng papanggih, kadé sing ati-ati!"* sihoréng baturna gé geus apaleun. Kejejesssss*.mesin angkot pareum. Ari pek teh beakeun bensi,"Duh, punten séép béngsinna, bakatku reuwas kénging panumpang copét wungkul, abdi hilap ngeusi béngsin. Bapa-Ibu mugi kersa ngantosan badé mésér heula béngsin* Tah, caket dipalih dinya aya 2 tax, antosan nyaa*" ceuk supir angkot ngalenghis. "Euh*karunya teuing supir téh ni katurug katutuh", ceuk kuring jero haté. Untung panumpangna kararunyaeun, euweuh nu turun hiji-hiji acan. Béngsin datang, dikucurkeun maké kertas nu digulungkeun da supirna poho mawa corong. Breemmmm*kejejeessss* (waduh, paéh deui yeuh*) Breemmm*brrrrreeemmm* sakali deui distater*breeeemmmm*. Angkot maju deui, Alhamdulillah, untung lain béngsin campur.....(dorong). TAMAT Wiat saur kangge baraya* * Sing atos-atos, saupami aya kajantenan anu rada anéh sapertos kieu, saéna mah énggal lungsur. * Tong kabongroy kunu kasép/geulis tur gandang nu pependak di jalan, teu acan tangtos jalmi leres, bilih kenging hanjakal. ép*kasép*atanapi geulis*geulis*.COPÉT! * Pamaréntah kedah leres-leres ngadamel aturan Otonomi Daerah, supados copét ti hiji wewengkon teu nyopét di wewengkon séjén* contona copét Sumatra tong nyopét di Bandung, nya kitu deui sabalikna* (heureuy nu ieu mah*) heheh* ro2

