Ke, upami Roro Rohmah urang Cikareo Wado teh adina
Sarah lain? Naha Roro Rohmah teh nu kungsi ngumbara di
Situraja? Mun teu salah Bapana Roro teh damelna di
Koramil nya???

Mun enya meureun Roro teh batur ngaji baheula di
tajug...

Kang Yaya


--- Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> A N E H (2)
> 
> Lalaki nu hareupeun kuring ngomong,"Wah, gak salah
> lagi yang tadi itu copét!!" bari ngomongna rada
> mesém. Anéh. Teu lila manéhna ngobrol jeung
> babaturanana nu tiluan jiga nu keur baradami ku basa
> "peuntas" (Sumatera) teuing ngaromong naon*.
> 
> Sup hiji budak awéwé maké saragam SMA asup kana
> angkot, diuk nyempod dihareupeun awéwé gendut tadi.
> Lampu héjo, diusss* angkot nu ditumpakkan ku kuring
> jalan deui. Teu lila,"Kiri*kiri*!" dua lalaki nu
> ngomong maké basa peuntas tadi turun. Nu dua deui
> teu ngilu turun, tapi teu daék cicing carulang
> cileung. Komo, nu hiji deui mah ngorék waé kantong
> dina lahunana jiga nu sieuneun dicokot batur, bari
> angger ngomong maké basa maranéhna. Ngan jarak 50m,
> angkot dieureunkeun deui, maranéhna turun. Kuring
> ngan bati olohok wungkul* teu ngarti, sakitu jeung
> babaturan tapi turunna ngan duaan-duaan dina jarak
> nu deukeut pisan. Anéh.
> 
> Angkot jalan deui, supirna langsung ngomong ka awéwé
> gigireunana,"Wah, gak salah lagi yang barusan pasti
> COPÉT! Saya hapal wajah-wajahnya, pemain lama!" Atuh
> ti harita panumpang nu kabéhanana awéwé réang
> ngedalkeun eusi haténa, jadi teu puguh bandunganana.
> 
> 
> Kuring karék ngarti kana kajadian-kajadian nu matak
> anéh tadi sangeus ngadéngékeun ti omongan supir
> jeung panumpang sejen. Sihoréng 5 panumpang lalaki
> nu maké basa peuntas tadi naék ti Gg Ijan Kebon
> Kalapa. Unggal aya panumpang nu anyar naék, langsung
> diéntép ku dua lalaki bari culang-cileung atawa
> melong babawaan panumpang séjén bari guruyam garayam
> néangan picopeteun. 
> 
> Ceuk kirata (kira-kira tapi nyata) supir, maranéhna
> tas "balarangsiar", jiganamah karék hasil nyopét ti
> si Bapa urang Jawa nu diuk tukangeun supir.
> Maranéhna tarurun di Leuwi Panjang da geus
> beubeunangan. Kuring jadi inget reuwas-inget reuwas
> kana kajadian tadi. Kumaha mun lalaki nu limaan éta
> téh narodong atawa ngarogahala? Mangkaningan awéwé
> wungkul?!  
> 
> Kuring karék ngarti kunaon awéwé nu sok sabeus jeung
> kuring buru-buru pindah ka hareup? Sihoréng manéhna
> geus curigaeun ti mimiti nénjo lalaki nu
> ngadak-ngadak kram sukuna. Kuring karék ngeuh,
> kunaon awéwé nu nyempod di deukeut kuring teu pindah
> atawa turun sakalian? Sihoréng manéhna keur gedé
> reuneuh, boro-boro pindah da keur meujeuhna
> bubureuyeung*Manéhna teu bisa walakaya, ikhlas.
> 
> Sapaparat jalan, supir angkot nu ditumpakkan ku
> kuring tuluy ngabuciay ngomongkeun éta gorombolan
> copét. Mun pas kabeneran papanggih jeung baturna nu
> sarua supir angkot manéhna ngomong,"Sial euy poé
> ayeuna*aing kabagéan panumpang copét wungkul! teu
> kira-kira meuni loba!". Kabeneran aya nu
> némbalan,"Nyaho aing mah! Limaan nya?! Jarangkung
> badag! Lain urang Sunda da, jiga urang peuntas! Wah,
> étamah geus mindeng papanggih, kadé sing ati-ati!"*
> sihoréng baturna gé geus apaleun.
> 
> Kejejesssss*.mesin angkot pareum. Ari pek teh
> beakeun bensi,"Duh, punten séép béngsinna, bakatku
> reuwas kénging panumpang copét wungkul, abdi hilap
> ngeusi béngsin. Bapa-Ibu mugi kersa ngantosan badé
> mésér heula béngsin* Tah, caket dipalih dinya aya 2
> tax, antosan nyaa*" ceuk supir angkot ngalenghis.
> "Euh*karunya teuing supir téh ni katurug katutuh",
> ceuk kuring jero haté. Untung panumpangna
> kararunyaeun, euweuh nu turun hiji-hiji acan.
> Béngsin datang, dikucurkeun maké kertas nu
> digulungkeun da supirna poho mawa corong.
> Breemmmm*kejejeessss* (waduh, paéh deui yeuh*)
> Breemmm*brrrrreeemmm* sakali deui
> distater*breeeemmmm*. Angkot maju deui,
> Alhamdulillah, untung lain béngsin
> campur.....(dorong).
> 
> TAMAT
> 
> 
> Wiat saur kangge baraya*
> * Sing atos-atos, saupami aya kajantenan anu rada
> anéh sapertos kieu, saéna mah énggal lungsur.
> * Tong kabongroy kunu kasép/geulis tur gandang nu
> pependak di jalan, teu acan tangtos jalmi leres,
> bilih kenging hanjakal. 
>    ép*kasép*atanapi geulis*geulis*.COPÉT!
> * Pamaréntah kedah leres-leres ngadamel aturan
> Otonomi Daerah, supados copét ti hiji wewengkon teu
> nyopét di wewengkon séjén* 
>    contona copét Sumatra tong nyopét di Bandung, nya
> kitu deui sabalikna* (heureuy nu ieu mah*) heheh*
> 
> ro2
> 


Yaya Rukayadi, Ph.D
  B504, Biomaterials Research Laboratory
  Department of Biotechnology
  College of Engineering, Yonsei University
  134 Sinchon-dong, Seodaemun-gu
  Seoul, 120-749, South Korea
  Tel: 82+2+2123+4097
  Fax: 82+2+362-7265
  Mobile: 82+10-7677-0817
  E-mail: [EMAIL PROTECTED]



       
____________________________________________________________________________________
Be a better Heartthrob. Get better relationship answers from someone who knows. 
Yahoo! Answers - Check it out. 
http://answers.yahoo.com/dir/?link=list&sid=396545433

Kirim email ke