Kenging nyalin ti koran KOMPAS terbitan Saptu, 1 September 2007,
ditarjamahkeun kana basa cohag tabuh 21.30-an
Diajar Budaya Provinsi Jabar di Sekolah Tanah Tinggal
Saanjogna di pakarangan hareup Sekolah Tanah Tinggal, sora musik tradisional
Sunda, degung, geus kadéngé. Aya sababaraha saung di dinya sarta réa barudak
keur diajar di saung éta pikeun mikawanoh kadaharan Sunda: comro.
Memang bener, Jumaah (31/8) kamari, Sekolah Tanah Tinggal ngagelar acara
ngawanohkeun budaya Sunda ka murid-muridna sarta ka murid-murid sakola séjén di
sabudeureun Tanah Tinggal anu diondang ka dinya.
Sakola satingkat SD anu perenahna di wewengkon Jombang, Ciputat, Kabupatén
Tangerang ieu memang sakola anu mibanda wawasan lingkungan. Jadi kagiatan
diajar cukup di saung tanpa bilik (saung terbuka) jadi teu perlu AC pikeun
niiskeun rohangan kelas. Angin nu ngahiliwir langsung tumiba ka lebah saung
anu dikurilingan ku kebon anggrek sarta pepelakan hias.
Barudak ogé anteng ngaregepkeun materi atikan, kawas pakéan adat Sunda
ngaliwatan slide foto koleksi Taman Mini Indonésia Indah. Ogé imah adat Sunda,
kasenian-kasenian kawas tari jaipong. Barudak ogé sempet diajak ngibing sarta
ngarasakeun lunggak-linggeuk tari jaipong.
Diajar basa Sunda sarta mikawanoh tempat wisata di Provinsi Jabar, kawas
Tangkubanparahu, Pangandaran, Cibodas, Kebon Raya bogor, ogé dilakukeun, ceuk
Ikin Ahmad Sodikin, Pingpinan Sekolah Tanah Tinggal.
Henteu poho ogé ngawanohkeun kadaharan atawa masakan Sunda kawas asinan,
comro, sarta bajigur. Murid-murid ogé diajak pikeun miluan diajar nyieun comro
anu diajarkan ku Eka, guru Sekolah Tanah Tinggal.
Mikaasih Lingkungan
Nurutkeun Ikin, saprak Sekolah Tanah Tinggal nampa siswa dina bulan Juli nu
kaliwat, murid-murid baris meunangkeun materi jang mikawanoh budaya Indonésia
tiap Jumaah dina minggu kaopat saban bulanana. Jadi, dina sataun, murid-murid
baris mikawanoh budaya ti 12 provinsi anu aya di Indonésia.
Usaha kasebut pikeun nambahan kaweruh para murid, anu ogé diajarkan supaya
mikaasih lingkungan. Waktu asup ka Sekolah Tanah Tinggal, kabéh murid dibéré
lahan taneuh salega saméter pasagi. Para murid melak sampeu, kacang taneuh,
bonteng, sarta jagong di lahan kasebut.
Alam dijadikeun alat pembelajaran. Contona waktu palajaran IPA, barudak bisa
nempo makhluk hirup, kawas lauk, embé, atawa tangkal-tangkal di dieu. Barudak
ogé diajar melak, dipupuk budaya gawé, sanggem Ikin.
Mia Mardiana (28) anu nyakolakeun putrana, Athhar Fathur Ramdhani (5), di dieu
ngarasakeun aya hasilna. Tiheula puterana pohara eraanna sarta jarang ngomong.
Sanggeus asup SD Tanah Tinggal, si budak kiwari jadi pohara aktif sarta daék
ngomong. Kuring ngarasa sakola kawas ieu ngajadikeun barudak henteu ngedul
sakola sarta aktif. Athhar teu eraan deui. ceuk Mia. (LOK)
Salamat boo,
Asep
Asep
---------------------------------
Take the Internet to Go: Yahoo!Go puts the Internet in your pocket: mail, news,
photos & more.