A. Nu patali jeung Kaayaan Alam Usum katiga = usum halodo
Usum mamareng = usum mimiti rek ngijih Usum dangdangrat = usum panyelang antara halodo jeung ngijih Usum ngijih = usum hujan Usum barat = usum gede angin (nu jol na ti kulon) Usum selatan = usum gede angin nu jolna ti kidul B. Nu patali jeung kaayaan masyarakat Usum pagebug = usum loba nu gering/panyakit Usum sasalad = usum loba panyakit bari tepa Usum patepok = usum loba nu kawin Usum tigerat = usum paila kurang dahareun Usum paceklik = kakurangan pare/dahareun C. Nu patali jeung tatanen Tatanen di sawah Usum nyambut = usum mitembeyan ngagarap sawah Usum morekat = usum nyawah leutik Usum tandur = usum melakeun binih pare di sawah Usum ngarambet = mangsa patani miceunan jukut nu jaradi di antara tangkal pare Usum celetu = mangsa pare geus mimiti cul cel aya buahan Usum beukah = mangsa pare geus loba buahna nu barijil Usum rampak = mangsa pare geus rata/papak bareukah Usum panen = mangsa dibuat/ngala pare Rumpak jami = sabada panen Tatanen di huma Usum nyacar = usum nyacar leuweung pikeun pihumaeun Usum ngahuru = meuleum kai jeung kakayon nu geus garing benang nyacar Usum ngaduruk = meresihan sarta ngaduruk kai nu can ka beuleuman basa waktu ngahuru Usum ngaseuk = melak pare ku cara nyocog-nyocogkeun kai meunang nyeukeutan tungtungna Usum ngored/ngoyos = meresihan jukut nu jaradi di antara luwukan pare ku parabot kored Usum dibuat/ngetem = ngala pare make parabot etem Usum ngunjal = mawaan pare ti huma ka imah. (dicutat ti Unak-Anik Basa Sunda, ku Dedi, S.Pd) Catetan ti simkuring : Di Tangerang, nuju simkuring alit, istilah ngoyos, dibuat/ngetem, sareng ngunjal, oge dianggo pikeun tatanen pare di sawah. Abah, ambu, akang, teteh, na mangsa usum dangdangrat iyeu, dina raraga nyugeng rawuh keun bulan puasa, usum ngingu napsu, simkuring nyuhunkeun dihapunten tina sagala ning kalepatan, bilih kirang tata kirang titi, heurey lain na mangsa, bacanda nu kabina-bina, atawa aya laku catur nu nyigeung ka hate batur. Wilujeung shiyam romadon, mugi romadon tiasa janten jalan kanggo urang ngahontal predikat takwa. Wassalamualaikum wr.wb. Ahmad Sopiani Package Team R & D Group AV Factory LG Electronics Indonesia Block G MM 2100 Industrial Town Cibitung - Bekasi 17520, West Java, Indonesia Mail : [EMAIL PROTECTED] Tel : +62-21-8989418 LG전자 Dana Abadi Pemberdayaan Ummat : http://dapu. <http://dapu.blogsome.com/> blogsome.com/
<<image001.gif>>

