Munggahan Ku : Kebo Hideung "Kamana Mang meni geus saged kitu ?" "Puguh Lo..Amang teh aya nu ngajakan munggahan, kapanan isukan rek puasa" "Aeh enya Mang, waktu teh asa nyerelek teu karasa..jol-jol tepung deui jeung bulan Ramadhan." "Tah eta slahsahijina yen Alo teh betah teuing didunya." "Ari kitu kumaha Mang ?" "Heueuh..eta Alo geus poho kana waktu, batur mah didago-dago bulan puasa teh, ieu mah kalahka poho." "He.he.he....lain kitu Mang, ngan enya we asa tereh panggih deui jeung bulan puasa, kahayang mah bulan puasa teh unggal bulan Mang." "Ahh...sok aya-aya wae Alo mah, anu tahun kamari oge can dikodoan lain ?" "he.he.he...muhun Mang sok kapopohokeun puguh oge." "Naha atuh meni nangtang hayang puasa sataun jeput sagala ?" "Kapanan ari puasana unggal bulan mah, meureunan nampa THR oge unggal bulan Mang." "Har....Alo mah boga pikiran teh kana dudunya wae, kudu saimbang atuh Lo hirup mah."
"Muhun nya Mang kudu saimbang, mun nanggung suluh mah kenca katuhu kudu sarua beuratna nya Mang." "Nya samodel kitu lah...aeh geuningan aya Ceu Erum..bade kamana Ceu ? "Assalamu'alaikum Mang Utas.....Assalamu'alaikum Jang Alo..hapunten nya Eceu sok loba heureuy komo ka Jang Alo Eceu sok loba nitah..hampura nya Jang Alo." tembal Ceu Erum bari ngasongkeun dua panangana ngajak sasalaman ka Mang Utas jeung Jang Alo. "Wa'.... alaikumsallam." tembal mang Utas jeung Jang Alo meh bareng, bari semu hemeng, ningali polah ceu Erum anu tara tisasari. "Yeuh Mang Utas..Jang Alo..Eceu teh puguh asa kabentar gelap tengah poe ereng-erengan geura." tembal Ceu Erum deui bari luway-lewey nyariosna nembongkeun lipensetipna anu ambucuy beureum. "Ari kitu Kunaon Ceu..?" tanya Mang Utas "Puguh Mang kuring teh aya nu ngajak botram, pedah enjing rek munggahan." tembal ceu Erum "Halah..paling oge diajak botram ku si Riweuh...!" celengkeung Jang Alo, bari ngajebian "Enya ah..Ceu Erum mah..sugan teh naon, pedah asa dibentar gelap tengah poe sagala." sambung Mang Utas "Ihhhh...sanes atuh Jang Alo, piraku diajak ku Kang Riweuh asa kabentar gelap tengah poes sagala..ieu mah anu ngulemna oge pupuhu lembur Mang !" tembal ceu Erum "Hmmm...ngarahul teh asa kabina-bina teuing Ceu Erum mah." tembal mang Utas bari rada ngabalieur "Enya ceu Erum mah..jiga tim sukses wae hayang diajak botram ku pupuhu anyar." "Har..meni teu percaya ka Eceu teh..abong-abong Eceu teu ditiung..!" "Matakna ceu ditiung geura meungpeung rek Puasa, kapanan artis oge anu tadina dibuligir sirah ari bulan puasa mah ngadadak ditariung." tembal mang Utas "Halah Mang...teu ngajamin ditiung bisa dipercaya batur, puguh rek botram jeung si Riweuh hayoh kalahka ngaku-ngaku diulem botram ku pupuhu lembur....basi Mang...!" "Ke..ke.ke....naha Jang Alo jadi sewot kitu? aya naon ieu teh Lo..?" tanya mang Utas bangun nu teu ngarti "Timburu nya..ka Kang Riweuh..?" sambung ceu Erum bari ngadilak ka Jang Alo "Teuuuuuu...kuring mah teu Timburu ka sasaha....ngan aneh we kuring mah, geus ah..kuring oge rek botram jeung Gubernur..hampura nya Mang, Ceu... ." tembal si Alo bari tuluy ngaleos indit "Astagfirullah al'adzim...eta si Alo aya kituna...hmmm hampuraeun si Alo mah Ceu." gerendeng Mang Utas bari gogodeg "Muhun Mang ku kuring oge tos dihampura, kuring oge hampura atuh bilih aya kalepatan salami ieu." tembal Ceu Erum "Enya ceu.kukuring dihampura, pon kitu deui kuring oge sarua menta dihampura, urang teh mapag bulan suci teh kudu ku hate bersih, ngarah bersih hasilna tur meunang pangridho ti Gusti anu Maha Suci." "Tah ayeuna mah sakalian we kanggo anu sok rajeun macaan paguneman Mang Utas, amang saparakanca bade meredih kaasih, tur menta dihampura kasadayana boh bilih baraya sadaya aya anu kabadug kalbu atawa katoel hate ku tulisan-tulisan Mang Utas saparakanca, sakali deui Mang Utas saparakanca nuhunkeun dihapunten...Marhaban Ya Ramadhan...wilujeng saum." Cag.

