Aya tilu kajadian anu dialaman ku abdi di taun 65
akhir saatos G-30-s bitu;
1. Di Kampus Universitas Parahyangan. Hiji enjing
sakitar jam 10 an..keur rame mahasiswa kuliah/apel di
Kampus aya truk ngaliwat tangtara PGT-AU ngaliwatan
Kampus...ujug2 "Tret....teretet..tret..tembakan
senjata AK-47 ka arah Kampus", tembakan sanjata
otomotis kacepatan tinggi. Ti arah kampus...dina
loteng...Menwa males tembakan ku snjata bren butut "
beleb..bleb.bleb..bleb..." , teu saimbang, truk kaburu
kabur. hasil 1 mahasiswa tewas dan beberapa luka
parah. Abdi keur di Jln. Aceh pengkolan pisan...
2.Di Jln. Wastukancana hareupeun kebon raja..aya beja
anu tepi ka mahasiswa KAMI, yen aya anggota
GERMINDO/Pemuda marhaen anu bersenjata di markas
Germindo...Hiji peuting markas eta disatronan ku
sabaraha anggota KAMI jeung Mahawarman...waktos
datang..eta anngota GPM (anu pro PKI) bubar..tinggal
hiji anu kapaepet..pas digaradah kapanggih manehna
nyekel pestol...FN Otomatis Kaliber 38. Waktu itu
sanjata kitu teh organik tangtara, tapi eta GPM teh
cingeusna lain tangtara.., terus ditanya " Eta pestol
naon ". Jawabna.." Oh ..ieu Colt". Jadi teges yen eta
jelema lain tangtara sanajan buukna cepak. Ku anggota
Menwa..dibawa kaburuan tukang kantor...Ujug2 "
berebet..disiram tembakan Karl Gustav)..Nya atuh
buyatak . harita nyawa teh murah pisan..teu jelas saha
kawan saha lawan.
3. Di Jl. patrakomala di pintu KA Cikudapateuh, aya
laporan anu lebet.yen aya kagiatan GERWANI wengi2 di
hiji jongko sareng sakitar Rel. patroli ti KAMI
dikerah keun kadinya kinten2 jam 11 an wengi. Kode
sandi dipasihan. Memang leres.aya awewe sababarah
urang..pakeana lolobana make pantalon drill.hiji dua
anu make erok..ngumpul sakitar rel jeung hiji jongko
remeng.. patroli diatur...ningker make pola hurup L,
Komandan (angggota Menwa)..panghareupna luncat
ngagebrak " Angkat tangkat menyerah..kalian Gerwani
yah ". bari ngaradegdeg..si awewe teh hiji aya anu
nembal " Sanes den..abdi mah ungkluk biasa!"......Keur
zaman genting oge ari dagang taeun mah geuning jalan
terus...
Loba waas na lamun nginget ka zaman KAMI..KAPPI...
--- dudi herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> kurang kang sakieu mah. moal wareug nepi ka burit.
> jam tujuh ge.. geus
> kukurubukan deui.
>
> kajadian sakitar taun geneplima kaasup hal nu nyieun
> kapanasaran kuring.
> komo mun ningali aki-aki di kampung kuring nu
> (katingalina) kacida trauma ku
> g-30-s ieu. nepi ka nyebut pki (nu daek teu daek
> kudu disambungkeun ka eta
> kajadian) ge katembongna haram! pki diganti ngaranna
> jadi "si jenat". di
> kampung sejen, buku sajarah nu cenah teu
> nyabit-nyabit ngaran pki dina
> kajadian g-30-s, diduruk.
>
> nuhun kang ka artikelna. kuring ge jarang ngadenge
> 'dongeng' g-30-s di jawa
> barat. jadi hayang neangan buku ieu.
>
> d
>
> On 9/13/07, kumincir <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
> >
> > Hatur lumayan, kanggo ngabuburit... Hanjakal
> kuring mah can kungsi
> > manggih bukuna...
> >
> >
>
>
> --
> ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
> :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
> datiparang.blog.com . deha.wordpress.com
>
____________________________________________________________________________________
Need a vacation? Get great deals
to amazing places on Yahoo! Travel.
http://travel.yahoo.com/