Terasna ti bagian kadua: KAWIN DEUI KA ADI BEUTEUNG
Taun eta (1871) diayakeun reorganisasi Priangan. Keur ngalaksanakeunana, Van Rees anggota Dewan Hindia dikirim ka Sumedang. Manehna nganjrek genep bulan di Kabupaten. Sekretarisna Levyssohn Norman, asisten Residen ti Meester Cornelis (= Jatinegara) nu urut kontrolir di Sumedang. Maranehna ninjau ka kulon (Bandung, Cianjur) jeung ka kidul (Garut, Tasikmalaya sabulan sakali. Kuring marengan Van Rees, kulanataran diparentah Residen, tugas-tugas kuring salaku wadana dioperkeun ka camat. Reorganisasi dilaksanakeun 1 Juni. Pancen/ cukai panen dipupus, diganti ku pajeg nu mangrupa duit. Ti harita pagawe pamarentahan, nu luhur atawa nu handap meunang gajih mangrupa duit. Jurutulis gajihna sabulan f 15, mantri f 25, Camat f 100, Wadana f 200 jeung nu ngumpulkeun pajeg f 200 ditambahan persenan. Bupati gajihna panggedena , f 20.000 sataun. Salian ti eta bupati meunang tambahan nu gedena gumantung kana legana sawah di daerahna. Bupati Sukapura jeung Garut masing-masing meunang tambahan f 10.000 dina sataunna, bupati Sumedang jeung Cianjur meunang tambahan f 24.000 jeung bupati Bandung f 100.000. Tapi engkena, tambahan ieu dileungitkeun, nu ngakibatkeun nu ngagaranti bupati-bupati ieu ukur narima gajih wungkul. Pajeg Tanah dikenalkeun gedena ti f 1 tepi ka f 15 gumantung kana hasil tanah. Kira-kira sataun saenggeusna pamajikan kuring maot, kuring kawin jeung R. Ajeng Sangkanningrat, anak awewe Paman Pangeran oge ti istrina R. Ayu Rajapamerat, anak awewe bupati Bandung nu sok disebat Dalem Karanganyar. Hajatna gede-gedean jeung dihadiran ku tamu-tamu urang Eropa. Meureun kulantaran pamajikan kuring teh anak awewe bupati nu munggaran nu diajar di SAKOLA EROPA. Sakola Eropa di Sumedang, kapalana Meneer Warnaar jeung mangrupakeun sakola munggaran di Priangan. Dua belas muridna anak-anak para bupati, tapi teu saurang oge nu asalna ti Cianjur, sabab urang Cianjur masih embung mercayakeun budak-budak maranehna ka guru anu lain Muslim. Di akhir taun 1873, lahir anak lalaki kuring, Aom Ema, nu saterusna dikenal sabage R. Somanagara. Diakhir taun 1875 lahir anak awewe, Agan Lili nu engkena katelahna Raden Ajeng Tejapamerat. Taun 1878 kuring boga budak lalaki deui, Aom Alibasah (R. Suriadiharja). Waktu anak kuring umur hiji satengah taun, Paman Pangeran nganjang ka imah kuring di Tegalkalong. Anjeunna nyandak Aom Alibasyah ka kabupaten kulantaran hayang ngadidik ku nyalira. Tapi Paman Bupati ngantunkeun teu lami saatosna, nyaeta di taun 1882. [Hanca]

