Terasna ti Bagian katilu:

NGABAGI DUA PULO JAWA KU PAGER AWI

Di taun 1873 pamarentah boga maksud ngalegaan pepelakan kopi. Tangkal ieu 
dikenalkeun supaya dipiara di lahan-lahan milik pribadi.

Sanggeus opat taun, Residen Van der Moor jeung inspektur pepelakan kopi 
Fleisch, datang nempo ka Desa Sukatali.  Ditempona buah-buah kopi nu keur 
meujeuhna rek asak. Manehna ngajak sasalaman ka kuring jeung muji kana hasil 
gawe kuring.

Sabulan ti harita, datang para Wadana jeung camat ka kuring, sina dialajar, 
sabab pamarentah marentah maranehna supaya ngenalkeun pepelakan kopi ka 
desa-desa. Tilu bulan ti harita kuring meunang  hadiah "Bentang Perak".

Hadiah ieu jadi carita, sabab kakara aya "bentang perak" dibikeun ka saurang 
Wadana. Wadana Panembong Garut oge meunang hadiah nu sarupa. Engkena Wadana 
Panembong Garut jadi Patih Sukabumi.

Taun 1879, Jawa Barat kaserang "runderpest" jeung malaria. Wabah  panyakit 
sato "runderpest" mimitina ti Ujung Kulon terus ngalegaan ka wetan, nyerang 
ka ampir kabeh wewengkon Jawa Barat. Sato nu keuna ku panyakit beuheungna 
bareuh, embung nyato jeung paeh sanggeus tilu poe gering.

Dokter-dokter hewan dikirim ti Eropa, tapi teu bisa nanaon nyanghareupan 
panyakit pagebug sato ieu teh. Waktu wabah tepi ka Kandangwesi di Priangan 
Kulon,  dijieun kaputusan nyieun PAGER WATES ti Kidul tepi ka kaler supaya 
PULO JAWA KABAGI DUA. Dua pager nu sajajar dimaksudkeun keur ngaisolasi Jawa 
Barat ti bagean sejen Pulo Jawa. Teu meunang aya sato ti Jawa Barat anu 
ngaliwat ieu pager.

Pager nu hiji deui dijieun sajajar jarakna tilu pal ka beulah wetan. 
Masing-masing pager dijieun tina awi nu panjangna 5 m. Supaya kareta Api 
bisa ngaliwat, dijieun panto-panto gerbang di jalan-jalan nu kaliwatan pager 
ieu. Unggal panto gerbang dijaga dua soldadu. Keur kaperluan eta, 
diturunkeun dua batalyon tantara nu dipimpin saurang Kolonel, dua letkol 
jeung sajumlah Kapten jeung letnan. Unggal nu ngaliwat kudu "dibersihan" 
heula ku karbol. Operasi ieu meakkeun waragad teu kurang ti f 500.000.

Di unggal distrik, camat ditugaskeun ngawas pelaksanaan nyegah panyakit 
menular ieu babarengan jeung puluhan magang jeung jurutulis desa. Unggal 
sato korban wabah kudu dimusnahkeun, Sato ieu dipotong-potong terus dikubur 
jero pisan. Daging sato ieu teu meunang didahar. Nu boga sato dibere ganti 
rugi f 25.

Taun 1880, Sumedang keuna wabah malaria. Distrik Cimalaka (WLY: Lembur 
kuring ..hehehe)  jeung Conggeang panglobana nu keuna, pangpangna di 
sub-distrik Tanjungkerta, angka nu maot gede pisan jeung loba jalma anu 
ngungsi. Padumuk ngurangan tepi ka 70%.

Sumedang nyadiakeun sapuluh dokter nu unggal isuk-isuk ngabagikeun pel kina 
di kantor camat. Dokter-dokter ieu ngawas tepi ka yakin eta pel-pel teh 
diteleg. Taun 1881 wabah malaria ngurangan.

AGAN RESMI JADI AGAN ATIYAH

Di taun eta (1881) kuring naek pangkat jadi Patih Sumedang. Sataun ti harita 
Paman Bupati (Pangeran Sugih) wafat, anak-anakna sadayana keur teu aya di 
kota (sumedang). Jadi kuring nu ngurus sagala-sagalana. Asisten Residen 
datang, prajurit-prajuritna ditugaskeun ngajaga disabudeureun Kabupaten. 
Sapeupeuting bedug ditabeuh jeung jalma-jalma papada datang. Rewuan jalma 
ngiringkeun layon ka Gunung Puyuh (WLY: Kompleks makam menak Sumedang)

Kuring ditugaskeun samentara ngurus kabupaten. Opat bulan ti harita, R. 
Rangga Suriaatmaja, patih Mangunreja ditunjuk ngaganti Paman Pangeran. Di 
Bulan Mei 1883 kuring dipindahkeun ka Mangunreja.

Sabenerna kuring geus pindah kadinya, sabulan saencanna. Anak awewe kuring 
nu masih leutik, Agan Resmi nu lahir Juni 1992 keur gering parna tepi ka 
kuring jeung pamajikan hariwang manehna bakal maot diperjalanan. Tapi, 
geuning kuring sarerea salamet.

Di Mangunreja kuring disambut ku para pejabat pamarentah jeung kadalapan 
distrik jeung pamajikan-pamajikanana.

Isukna, Panghulu Mangunreja, R.H Hasan Ma'arup, nganjang jeung istrina. 
Pokna teh: " Kuring nganjang kadieu, arek menta supaya orok nu gering ieu 
dibawa ka imah kuring, arek dirawat jeung aranna arek diganti jadi Agan 
Atiyah". Kuring jeung pamajikan satuju.

Panghulu teh kulawarga Bupati Sukapura, pangaweruhna jero jeung dipikaresep 
ku sarerea.

Tahun 1883 jeung 1884 lahir noron, Muhamad Iskak nu engkena Aom Ace 
Martahadisura jeung Aom Onong, nu engkena R. Martahadiprawira.

Sanggeus sataun tugas di Mangunreja, kuring meunang gelar Demang ti 
pamarentah. Gelar ieu dibikeun ka kuring kulantaran jasa-jasa kuring dina 
nyanghareupan wabah sato di waktu katukang. Taun 1891 kuring meunang gelar 
ARIA.

[Hanca]

Kirim email ke