Para wargi, masih emut kana sajarah kamerdakaan RI...?? upami teu lepat, dina raraga mroklamirkeun kamerdekaan teh, Indonesia-Walanda kantos opat kali ngayakeun rundingan, ti ngawitan KMB, Rum van Royen, Renvile sareng Lingarjati. Waktos rundingan Rum van Royen, delegasi ti pihak Indonesia di pingpin ku Dr. Mohammad Rum (leres kitu..??). Cing manawi aya anu uninga, perkawis Dr. Mohammad Rum, naha masih jumeneng, tempat linggihna, sareng sajabina, neda tulung pangalungkeun...?? Sanes nanaon, aya TKI nami tungtungna nganggo RUM, ditaros aya hubungan sareng Dr. Muhammad Rum, sanggeumna : eta teh pun bapa...!, upami eta TKI leres putra Dr. Muhammad Rum anu kantos mingpin rundingan anu dimaksad diluhur..., deudeuh teuing...putra salah sahiji pajuang kamerdekaan janten TKI, sok sanaos janten TKI sanes hal anu matak hina...... Pihatur, ssw
http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

