JADI BUPATI BANDUNG Bulan Maret 1893 Asisten Residen Van Ravenswaai cicing-cicing ngabejaan kuring supaya ngalamar jadi Bupati Bandung. Posisi Bupati Bandung keur kosong saentasna R. Adipati Kusumahdilaga wafat. Tanggal 29 Juni 1893 Asisten Residen Platen ngahaja nganjang, ngawilujengkeun kulantaran kuring diangkat jadi Bupati Bandung. Sedengkeun Residen sorangan geus mere beja make kawat (maksudna : Telegram?).
Isukna, kuring indit, kudu nyanghareup ka Residen Harders. Kakara sore isukna kuring tepi jeung ditarima kalawan someah. Kuring jeung Residen ngobrol lila pisan. Rencanana kuring bakal dilantik tanggal 15 Juli di Kabupaten. Kuring indit ka Bandung tanggal 10 Juli dialanteur ku para Wadana jeung camat ti Mangunreja. Upacara pengangkatan dilakukeun kalawan khidmat, dihadiran dua patih, dua belas wadana, kabeh camat, juru tulis jeung lurah ti sakuliah kabupaten. Hadir oge tamu Eropa. KARETA RESIDEN DIPASANGAN DINAMIT Dua poe ti harita geus kajadian hiji kajahatan. Peuting eta, pukul 21.00, di waktu kuring loba tamu dararatang nu maksudna ngawilujengkeun, saurang jongos residen mere beja yen kuring "disaur" ku residen. Residen sorangan nu nyambut kuring di golodog. "Hayu asup", omongna teh. Di jero imah geus aya dua urang, Van Woesiek, nu kuring wanoh. Nu saurang deui, Iksan, kuring teu wawuh. Residen menta Van Woesiek nyarita dina Basa Sunda supaya Iksan oge ngarti. Ceuk Van Woesiek, aya rencana maehan residen make dinamit. Poe Saptu, tengah poe, kapanggih dinamit dina gerbong kareta Residen. Lamun wae kareta eta jalan, dinamit bakal bitu. Kuring ditugaskeun ngagaladah imah jalma-jalma nu kasangka. Genep imah dipariksa. Aran-aran nu boga imah kanyahoan ti Iksan. Di imah R. Nata Anbia ditimukeun dinamit. Manehna kulawaga Almarhum Bupati. Tapi ceuk panalungtikan pulisi, R. Nata Anbia henteu salah. Panalungtikan kasus ieu tepi ka opat bulan, gawe bareng jeung bupati Cianjur, Garut jeung Sumedang. Bupati Sumedang malah datang ka Bandung unggal saptu sore. Tina hasil panalungtikan, kanyahoan yen nu rek dipaehan teh lain wae residen, tapi oge asisten residen, kontrolir jeung kuring sorangan. Sapuluh urang, kaasup opat urang priyayi kanyahoan terlibat. Tapi masalah ieu henteu dibawa ka pangadilan. Maranehna dibuang ka luar Jawa salila duapuluh taun. Alesan maranehna, teu sugema (teu puas) kulantaran nu DIJADIKEUN BUPATI LAIN KULAWARGA BUPATI SAENCANNA. Tilu urang ti maranehna, ceuk beja mah geus balik deui ka Bandung, sanggeus hukumanana beak. Sesana maraot di tempat pambuangan (WLY: Salah saurang nu dibuang ramana DEWI SARTIKA. Rama Dewi Sartika dibuang ka Ternate jeung pupus diditu). "NGAGALAKEUN" MELAK SAMPEU Di mangsa harita di Kota Bandung aya 143 kulawarga Eropa, lolobana mah pangsiunan tantara jeung pangsiunan pejabat pamarentah. Kira-kira lima-puluh diantarana nganjrek di imah-imah awi nu hateupna lain tina kenteng. Saenggeusna aya kareta api, bengkel kareta api jeung jadi tempat Departemen Peperangan, Bandung jadi kota gede. Dua toko gede aya di Bandung : Toko De Vries jeung Toko Liem. Hal nu kahiji nu kapikir ku kuring nyaeta nyieun hateup kenteng. Waktu eta ngan saparapat imah-imah di Bandung nu make kenteng, sesana hateupna tina daun kalapa. Kuring oge "ngagalakeun" melak sampeu, kulantaran tipung tapioka loba dimenta ku pasaran dunya. Ngan aya hiji pabrik tipung tapioka, nyaeta di Dago. Pabrik eta milik urang Cina nu ceuk laporan, eta pabrik teh ngirim dua ratus tanggungan tipung tapioka ka batavia dina sataunna. Kuring oge ngagiatkeun pangwangunan irigasi supaya lahan sawah nambahan. Sakapeung nyieunan irigasi teh nguntungkeun oge kabupaten-kabupaten tatangga. Hal ieu dilakukeun, saencan perencanaan proyek irigasi gede Cihea nu bakal meakkeun waragad sajuta gulden. [Hanca]

