Basa pertengahan bulan Agustus panggih jeung Kang Ajip biasa we di PSS (Pusat Studi Sunda) di Kliningan Bandung, ceuk cenah mah kuring teh hayang rada rerencepan nalungtik hal ....barangtuangna Kang Ajip..!, lain nanaon pedah we ti Panitia milangkala 70 taun Kang Ajip, kuring napa beja dipenta nulis ngeunaan Kang Ajip, puguh we kuring teh rada kerung, na naon atuh nu kudu ditulisna. Kang Ajip mah apan anu sakitu jugalana dina kancah sastra jeung budaya boh Indonesia boh Sunda, arek nulis hal hasil karyana mah wah moal kehontal. Keur baluweng naon anu rek ditulis, kabeneran aya Kang Dadan mere lolongkrang ceuk kang Dadan anu can aya nu nulis eta perkara resepna barangtuang. Lakadalah nya ieu we atuh nu rek ditulis teh, da aya nu kungsi nyarita Kang Ajip mah rada gembul. Tah perkara gembul ieu rek diteangan bener henteuna. Nya tidinya rada merhatikeun mun Kang Ajip keur barangtuang. Ceuk legegna ngayakeun observasi keur bahan tulisan, bari tatanya kaditu kadieu utamana ka anu geus kungsi bareng dahar jeung Kang Ajip, kaasup ngahaja manggihan ka Pa Embas (yuswana tos 82 taun, tapi jagjag keneh pisan) balad kang Ajip ti keur ngora. Papanggih di PSS teh kuring nepikeun yen kuring hayang ulin ka Pabelan, ka bumina kang Ajip, Kang Ajip ngajak pisan, terus we jangjian pimiangeun teh satutas Kang Ajip dipasrahan anugrah Budaya ti BACC, tanggal 5 September 2007, kebeneran kuring ngilu hadir waktu papasrahan Anugrah Budaya teh. Enya we Kang Ajip ngajak deui. Miang ti Bandung ka Pabelan teh bareng samobil jeung kang Ajip, poe isukna tanggal 6 Sept 2007, tabuh dalapan isuk isuk, memeh miang nyimpang heula ka Pa Embas, Pa Embas satengah dipaksa kudu ngilu ka Pabelan, atuh teu bisa kumaha tungtungna Pa Embas ge ngilu, samobil teh tiluan ka opat supirna Kang Ajip. Nyimpang heula ka Pa Ading (RAF), saur kang Ajip teh urang ngalongok heula Ading, keur gering. Enya we Pa Ading Affandi, teu tiasa nanaon nuju ngagoler we, saur Pa Ading rada beurat panyakit teh kaserang kanker, ayeuna nuju di kemo. Aya dongeng Pa Ading harita, nu kapendak teh kanker di tenggek, kudu di operasi, tapi nampa beja cobaan diubaran ku jus kulit jeruk bali anu bodasna, nya dicobaan, hasilna sae kanker dina tenggek ngirangan hanjakal kankerna Pa Ading tos nyaliara, nepi ka kudu di kemo. Mobil nyemprung ka Pabelan, di Nagreg eureun heula bari sakalian lohor, nyimpang ka Sangu Liwet Asep Strowbery, ceuk Kang Ajip didieu leuwih ngeunah batan nu sejen. Nyimpang deui di Gombong ka warung sate gule, Kang Ajip enyaan teu aya pantrangan, sate dihekak kitu deui gule jeung tongseng. Nepi ka Pabelan Magelang teh kira-kira tabuh salapan peuting, geus disadiakeun dahar ku Ceu Empat, bojona Kang Ajip. Isukna poe Jumaah, kuring ngilu ka Kang Ajip kana acara di Keraton Jogja, pedah eta aya pagelaran kasenian Sunda anu munggaran di keraton Joga nu ngayakaeun teh PWJB Jogja (Paguyuban Warga Jabar Jogja), nu mere pidato panganteur ti inohong Jabar teh Syafik Umar Pikiran Rakyat, kuring noal ka Kang Ajip...kapan Sya fik Umar mah lain urang Sunda, jawab Kang Ajip pan disebutkeun sambutan ti inohong Jabar, lain inohong Sunda, kuring unggut-unggutan. Beres ti ondangan, Pa Syafik ngilu ka Kang Ajip, mengkol heula ka Warung Mang Engking dahar hurang galah, tuh pan Kang Ajip mah enyaan teu aya pantrangan, udang sakitu lobana dihekak deui bae. Nepi ka bumina Kang Ajip meh liwat asar, di bumina geus kasampak tamu ti Jakarta, nyaeta pangarang Soekanto AS, geus kolot yuswana meh 76 taun, sukur Alhamdulillah keur kuring mah bisa tepung jeung pangarang senior, nu kadenge teh ceuk Pa Soekanto...."Jip kamu bikin kerajaan yah...!". Enya ari kituna mah bumina Kang Ajip teh lega pisan, gedong perpustakaan sabangunan, keur tamu sabangunan aya tilu kamar badag, keur dapur tempat pembantu sabangunan, jaba aya palalangon deuih, keur pangreureuhan bari ningali kajauhnakeun. Di Gerbangna aya tulisan Jati Niskala. Poe Saptu kuring ngiclik deui ka Kang Ajip ka acara di Musium Afandi, da kang Ajip jadi pembicara dina acara peringatan 100 taun pelukis Afandi. Mulang ti musium Afandi kuring misahkeun maneh da rek mulang ka Bandung kana kareta anu jam satengah sapuluh peuting, kareta Lodaya, tapi kuring menta didrop di pasar buku di Book Cnter Jogja, niat teh rek neangan buku buku Sunda, sugan aya, nya manggih buku Puragabaya tapi teu lengkep ngan ukur ti jilid hiji nepi ka genep, Nani Resep Maca, jeung Taman Pamekar,...geuning buku Sunda aya di Jogja. Hanjakal korah koreh buku Sunda teh teu pati tumaninah da bari ngagegendol rangsel, beurat, ukur nepi ka tabuh genep sore. Nepi deui ka Bandung poe Minggu isuk isuk, terus ngagedur nulis hal Kang Ajip, Alhamdulillah geus rengse ukur meunang sapuluh kaca A4 sa-spasi, ke isuk geto rek dibikeun ka Panitia 70 Tahun Ajip Rosidi, eusina tulisan teh nya kitu we hal barangtuangna Kang Ajip.
MSasmita

