Sawangsulna Kang Die, abdimah ti Cikareo Wado, bumi mah payuneun 
masjid Raudhatul Muhlisin.
Owh Cikiray nu ti Puskesmas Darmaraja aya jalan ka tonggoh nyaaa...

ro2

--- In [email protected], Die Cikiray <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Hatur nuhun kana koreksina ti teh Roro, ari Teh Roro timana kawit? 
siga rada-rada tatanggi, dupi abdi mah asli ti cikiray, darmaraja
> 
> hatur nuhun
> 
> die
> 
> Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:           Kang Die, punten 
ngalereskeun judulna, kedahnamah  "kinten-kintena".  
>   
>  Muhun, rencana ieu teh ti abdi SMP keneh teu janten-janten,  tapi 
saur pun bibi mah cios, taun 2010. 
> Malihan mah pun Bapa (jenatna)  tikapungkur tos taki-taki, pami 
cios hoyong ngalamar damel ka eta Bendungan  susuganan aya nu kersa 
ngampihan pangsiunan nu rada ngartos kana widang  elektronika...ari 
pek teh teu kaumuran...
>  
> Saleresnamah ti 20 taun kapengker tos dibalayar gentosna  nu bade 
kakeueum teh, hiji conto Leuwi Hideung Darmaraja.
> Duka kunaon,  pamarentahna mendag mayong wae...jiganamah teu 
gaduheun cicis, seueur keneh  uruskeueun nu sanesna panginten 
heheh...
> Janten nu sapalihmah nembe dibayar  ayeuna, benten pisan jumlah 
artos gentosna sareng nu tipayun/kapungkur (ya...iya  lah....) 
> Ningali dina koran & TiPi mah, nu tos dibayar kapungkur teh  
protes daremo.
>   
>  Antosan we...
>  ro2
>   
>   
>  >>> [EMAIL PROTECTED] 09/18/07 07:58AM  >>>
> 
>  Baraya sadaya, manawi aya nu gaduh katerang langkung,  kinteun2na 
bendungan Jatigede, janteun moal tah pangwangunanana, asa tos lami  
rencana ieu teh, sareung tos seueur artos nu  kaluar.
> 
>   
> 
>        
> ---------------------------------
>  Yahoo! Answers - Get better answers from someone who knows. Tryit 
now.
>


Kirim email ke