Kacaritakeun tukang kebon hariweusweus bari jeung ngahegak balas lila lumpat,
beungeutna semu sepa siga nu geus putus asa, manggihan dununganana ngalaporkeun
pepelakanana :
"Aduh Juragan hampunten abdi....."
'Na aya naon kitu Mang?" Saur Juragan salse pisan.
" Eta Juragan, ieu.....euh.......sumuhun eta.......Paria gaduh Juragan....."
"Enya Paria, na kunaon kitu?"
" Gagal Juragan, gagal. Teu kaarah sadayana oge. Lapur !"
" Kunaon? Ku hama? Ku hileud?"
"Sanes Juragan !"
"Enya kunaon atuh!?"
"Pait sadayana.........."
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo!
Answers