Baraya, Warta anyar anu anu bisa jadi pieunteungeun atawa picontoeun ke pamimpin urang ka hareup nyaeta, Estrada anu geus divonis penjara kusabab korupsi terus Abe anu mundur tina jabatanana padahan asana teh ceuk saliwat mah situasi di Jepun biasa wae. Aya deui warta anu haneut keneh nyaeta PBB (StAR) anu ngumumkeun pamimpin-pamimpin nagara anu ngagasab duit rakyatna, malah presiden nagara urang anu geus mantan kasebut-sebut minangka jalma anu pang korupna. Ceunah mah kakara ayeuna PBB nguruskeun jeung ngajak ngarebut deui hak-hak nagara anu di korup ku para pamimpin nagarana, publikasi ieu lembaga internasional anu pangedena saalam dunya teh kira-kirana kumaha pangaruhna keur urang jeung nagara urang, nya?
Duit atawa piduiteun anu sakitu gedena lamun seug enya bisa dibalikeun ka nagara, moal boa bisa ngaronjatkeun kamjuan bangsa jeung nagara urang tapi kumaha cara supaya herang caina beunang laukna. Lamun ditaragal kitu bae tangtuna aya resistensi jeung pastina ge ngalawan komo boga duit loba jeung baladna teu ngan saukur didieu dalah diluar negri pasti aya, bubuhan atuh jalma jegud. Pamarentah urang ge kaciri ati-atii pisan ngarespona sabab lamun salah saeutik bae bisa jadi perang baratayuda, konplik horizontal, teror acan biasana mah aya bae lauk buruk milu mijahna teh anu mangfaatkeun 'kesempatan dalam kesempitan' anu data ti dulur urang keneh atawa ti luar nagreg. Bisa-bisa urang mah ngan saukur meunang paisan kosong, anu muceukil hasilna mah urang amerika deui, urang singapur deui tawa urang ausi deui siga basa kamari krisis monter tea jeung perang ngalawan terorisme. Basa krismon mah mah pan prusahaan-perusahaan urang loba anu dijual murah ka urang luar negri rek anu swastana kitu deui perusahaan BUMN pikasediheun euy, batur tega pisan nya. Kitu deui terorisme anu ceuk kuring mah siga ngudag-ngudag kalangkang anu aya dina alam imajiner dalang kadurukwiksaan, teu kitu kumah atuh da ceunah mah pamimpin terorisna impor ti Malaya, piraku jalma saliwat bisa ngobok-ngobok jeung bisa ucing sumput jeung urang bari jeung teu ka tewak nepi ka ayeuna aya ge ceunah (da ceuk beja kitu ge) anu bunuh diri make bom anu ngabalukarkeun awakna ancur jadi carita si azhari ditutup lawang sigotaka, bari jeung teuing bener heunteuna. Ari si Emtop mah teuing kamana ngilesna diteundeun dina hanjuang siang paragi nyokot jeung ninggal keun, siga dongeng pasosore ti radio anu diasuh ku juru dongeng kahot. Aya deui ceunah si Asep urang Cianjur anu jadi kokojo teror katangkep di Thailan make paspor Spayol jeung ceunah (ceunah deui bae) geus operasi pelastik jadi beungetna robah geus teu siga urang leumbur deui, ceuk dina jero hate keun bae geus roboh jirimna geun ari urang Cianjur mah urang tanya bae make basa sunda, bisaeun henteu lamun bisa hartina bener si Asep tapi lamun henteu bisa katohyan beubeugig jieuna urang amerika anu diaranan si Asep sang teroris. Tapi rek ditanya teh aparat urang teu menang akses ti amerika pajarkeun teh si Asep geus di asupkeun ka pangberokan Guantanamo anu sabenerna mah Guantanamo teh panjara ilegal atawa ngalanggar konvensi Jenewa anu ngatur hak-hak tawanan perang. Aya anu kaliwat basa nutup carita si azhari di Malang, pan urang mere upeti deui ka amerika nyaeta "ladang minyak Cepu" anu ceuk beja mah cadangan minyakna pangedena di urang bari jeung akses gampang ditambah ekplorasi minyak Natuna, padahal harita exxon keur parebut jeung pertamina malah pertamina ampir meunang eta tender tapi antukna urang eleh deui. Sigana SAR jeung 'flu burung' kaasup kana "bio teror" kombinasi jeung perang dagang anu nyerang produksi unggas diurang, kahayang maranehna mah urang teh meuli daging hayam ti amerika padahal basa meuncitna ge teu make Bismilah-bismilah acan. Aya kajadian nyata basa aya tim kasehatan ti amerika anu nguruskeun flu burung teu meunang ditanya ku petugas ti urang, nepi ka asup kana agenda anu bakal ditanyakeun ku Pa Sby ka Pa Josbus basa ka bogor tea. Ayeuna urang di hucuhkeun kana harta hasil korup, kudu ati-ati bisa kawas gonimah badar, minimal maranehna menta konpensasi, menta bagian atawa ngajukeun proposal jadi tukang tagihna barik menta buruh anu gede. Aya deui maranehna nawar-nawarkeun kiriditan atawa nginjemkeun duit anu sok dikemas ku istilah bantuan padahal mah HUTANG, hutang mah tetep bae hutang bari jeung bungana gede. Siga kamari di australian Pa Sby nanda tangan kesepakatan bantuan untuk proyek penguranga pemanasan global, padahal sabenerna mah hutang anu kudu bayar ku pamarentah kahareup. Pajarkeun rek ngurang hutang luar negri, ayeuna Pa Sby ceunah rek ka NY nemonan pamimpin wordbank, sing ati-ati dirayu supaya nginjem kiriditan deui bae jeung jasa nagih harta koruptor tea bari jeung syaratna sok anu aneh-aneh anu ngaleuleuyeuk harkat martabat bangsa urang untung lamun teu nyiptakeun instabilitas pulitik. Punten ah, ngacapruk deui bae. wassalam dudi van borneo

