Nu matak hemeng. Naha PBB kakara ngahucuhkeun ayeuna? Soal Soeharto korup, apan di urang mah geus bari.
--- In [email protected], "dudi_ss" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Ayeuna urang di hucuhkeun kana harta hasil korup, kudu ati-ati bisa kawas gonimah badar, minimal maranehna menta konpensasi, menta bagian atawa ngajukeun proposal jadi tukang tagihna barik menta buruh anu gede. Aya deui maranehna nawar-nawarkeun kiriditan atawa nginjemkeun duit anu sok dikemas ku istilah bantuan padahal mah HUTANG, hutang mah tetep bae hutang bari jeung bungana gede. Siga kamari di australian Pa Sby nanda tangan kesepakatan bantuan untuk proyek penguranga pemanasan global, padahal sabenerna mah hutang anu kudu bayar ku pamarentah kahareup. Pajarkeun rek ngurang hutang luar negri, ayeuna Pa Sby ceunah rek ka NY nemonan pamimpin wordbank, sing ati-ati dirayu supaya nginjem kiriditan deui bae jeung jasa nagih harta koruptor tea bari jeung syaratna sok anu aneh-aneh anu ngaleuleuyeuk harkat martabat bangsa urang untung lamun teu nyiptakeun instabilitas pulitik.

