Masalahna, hanjakal teu data anu nyekapan sacara statistik (adeuh...) anu
bisa ngabuktikeun argumentasi2 eta. Naha enya urang Sunda baheula gara2
dibedong dibakutet jadi taregep gagah/lenjang, malah mun dibandingkeun jeung
manusa2 jaman ayeuna mah... nya asana teh leuwih jarangkung leuwih taregep
nu ayeuna... tapi pan aya oge pangaruh katuangan, atawa pangaruh indungna
pas keur nyiram, misalna bae ngadadak geuleuh ka si Beckam. Atuh... ana
borojol... ciples we Ronaldinho....

On 9/24/07, Agus Hermawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Aya hiji nu kuring teu bisa ngajawab: orok sunda jaman baheula naha
> sok najan dibedong. Orok beureum teh kalahka dibeungkeut ku samping
> sapapareket, model mumi. Disiksa,dibulen, nepi ka teu bisa gerak.
> Cenah mah meh budak teh geus gedena teu bengkung. Mun jalu meh tegap
> siga satria, mun bikang meh seksi siga srikandi...
> Pertanyaana: naha orok ayeuna mah geus tara dibedong ge, gedena teu
> barengkung geuning...?? Cik...
>


-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com

Kirim email ke