Pribados mah tibalik, gambar tipi dihaja diawonkeun (ku cara tuning frekuensina
digeser supados gambarna jiga gambar sireum) kumargi keuheul ku acara di TPI,
RCTI, sareng SCTV anu ngareksak pun anak. Contona di TPI, aya acara anak-anak
"Si Entong" anu diputer dugi ka opat kali sadinten. Akibatna pun anak campego
wae di payuneun pesawat tipi, henteu keresa diajar / ngapalkeun. Tos acara Si
Entong dina wanci wengi, disambung ku sinetron rumaja anu teu pararuguh sareng
henteu pas kanggo ditongton ku barudak alit. Pon kitu deui acara RCTI sareng
SCTV sami mawon.
Saparantos gambar TV diawonkeun, pun anak ayeuna jarang pisan nonton TV, sareng
keresa deui diajar / ngapalkeun.
Salam,
Asep
herni herningsih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
--- diteukteuk --- ngan si kuringna nu tara lalajo tipi
sabab keur ruksak ayeuna teh tipina.
(sugan we aya donatur anu ngersakeun ngalereskeun heu...heu..heu...)
herni boo
Asep
---------------------------------
Boardwalk for $500? In 2007? Ha!
Play Monopoly Here and Now (it's updated for today's economy) at Yahoo! Games.