Sapuk Kang,

Kuring ge ngahuleng, naha Si Entong teh bisa ditayangkeun nepi ka sabaraha
kali sa dinten,
jeung asa teu pantes laun di tonton ku barudak mah, sabab eta mah leuwih ka
tontonan dewasa sabab pamaen na pada bararogohan jeung bahasana teh kasar
pisan

Boikot Si Entong!

salam

Hasbi

On 9/26/07, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Pribados mah tibalik, gambar tipi dihaja diawonkeun (ku cara tuning
> frekuensina digeser supados gambarna jiga gambar sireum) kumargi keuheul ku
> acara di TPI, RCTI, sareng SCTV anu ngareksak pun anak. Contona di TPI, aya
> acara anak-anak "Si Entong" anu diputer dugi ka opat kali sadinten. Akibatna
> pun anak campego wae di payuneun pesawat tipi, henteu keresa diajar /
> ngapalkeun. Tos acara Si Entong dina wanci wengi, disambung ku sinetron
> rumaja anu teu pararuguh sareng henteu pas kanggo ditongton ku barudak alit.
> Pon kitu deui acara RCTI sareng SCTV sami mawon.
>
> Saparantos gambar TV diawonkeun, pun anak ayeuna jarang pisan nonton TV,
> sareng keresa deui diajar / ngapalkeun.
>
> Salam,
> Asep
>
>
>
>
>

Kirim email ke