wa'alaikum salam.. Aya kang, nu icalan kaos aya, nu icalan buku-buku sunda aya, nu icalan stiker aya, ah...rupi-rupi...
matakna enggal daptar nya kang Budi.. -dul- tukangwawar --- In [email protected], budi ansyah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > assalamualaikum wr.wb > > bade tumaros ari engk diditu panitia aya anu icalan kaos kusnet teu? > > indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Nyaan acara HBH teh munel, sok catet kang Ndoell siteteh ngiring. > Si teteh mah biasa wae nyorangan, kitu ge mun kang Toni ngirim Fax heula ka kantor si teteh, teuing alesanana kumaha, kapungkur ge si kuring bisa ngiring ka HBH alatan kang Sidik ngintun Fax alatan aya anu maot, rek babagi warisan...he he > Sok ah, baraya ngariringnya....matak resep geura. > > ipeut > > ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Assalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh.. > > Baraya Kusnet sadayana, > > Dina raraga Boboran Siam 1 syawal 1428 Hijriah, > dibewarakeun yén bade diayakeun acara Halal Bihalal Kusnet 2007 > nu Insya Allah badé diayakeun dina : > > Dinten Saptu dugi ka Minggu, ping 27~28 Oktober 2007 > ngawitan tabuh 10.00 énjing dugi ka lekasan > di Bumi Perkemahanan Kiara Payung - Jatinangor > > Acara : > - Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan > - Ngaleler Pangajén ka Budayawan / Seniman seni Sunda buhun > - Ceramah Kasundaan > - Mintonkeun Kasenian > - Bazaar > - begadang bari siduru, bari beubeuleuman jsté. > - Bakti Sosial > > Kukituna, réngréngan Panitia seja ngulem ka sadaya anggota Kusnét > sareng kulawargina, sareng ageung pisan nu dipiharep kana kasumpingan > sadayana dina waktosna. >

