Tong nu beurat-beurat teh... kumaha mun engke si tetehna nagih hoyong diakod ongkoh ? atuh abdina tambah ripuh.. heu heu
Muhun Teh, diantos kasumpinganana dina waktosna. tong henteu nya. komo sanes waktos mah, da didituna ge moal aya sasaha. paling ge aya Mang Eman, tukang jagana wungkul. -dul- --- In [email protected], indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Nuhun kang, tos dicatet..... > Siplah, keur kang Ndoel mah spesial, beurat-beurat ge moal janten masalah, ngan paur kuma mun batur hayang,........kieu wae atuh kanggo batur mah dicangking wae ku kang Ndoel......he he > Kapungkurmah siteteh nyangking sirop jeruk nipis uih ti HBH teh , kumaha ayeuna masih aya..?Nyaan kang Ndoel dipilarian di didieu mah teu aya. > > ipeut > > > ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Mangga teh... > Ku abdi dicatet. Tong hilap ngajingjing naon lah nya ti surabaya.. > keur abdi we wungkul. keur batur mah teu kedah. > sanes kunanaon, bisi beurat.. > heu heu > > -dul- > > > --- In [email protected], indung peuting > wrote: > > > > Nyaan acara HBH teh munel, sok catet kang Ndoell siteteh ngiring. > > Si teteh mah biasa wae nyorangan, kitu ge mun kang Toni ngirim > Fax heula ka kantor si teteh, teuing alesanana kumaha, kapungkur ge > si kuring bisa ngiring ka HBH alatan kang Sidik ngintun Fax alatan > aya anu maot, rek babagi warisan...he he > > Sok ah, baraya ngariringnya....matak resep geura. > > > > ipeut > > > > ndoell wrote: > > Assalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh.. > > > > Baraya Kusnet sadayana, > > > > Dina raraga Boboran Siam 1 syawal 1428 Hijriah, > > dibewarakeun yén bade diayakeun acara Halal Bihalal Kusnet 2007 > > nu Insya Allah badé diayakeun dina : > > > > Dinten Saptu dugi ka Minggu, ping 27~28 Oktober 2007 > > ngawitan tabuh 10.00 énjing dugi ka lekasan > > di Bumi Perkemahanan Kiara Payung - Jatinangor > > > > Acara : > > - Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan > > - Ngaleler Pangajén ka Budayawan / Seniman seni Sunda buhun > > - Ceramah Kasundaan > > - Mintonkeun Kasenian > > - Bazaar > > - begadang bari siduru, bari beubeuleuman jsté. > > - Bakti Sosial > > > > Kukituna, réngréngan Panitia seja ngulem ka sadaya anggota Kusnét > > sareng kulawargina, sareng ageung pisan nu dipiharep kana > kasumpingan > > sadayana dina waktosna. > >

