Tisaprak aya tulisan "Kanyaah Indung Bapa" (puis eta teh Kang?)
teu weleh inget wae ka KK (Kang Kebo, teu wasa euy nyebutna.......)
Tas saur teh ceg kana kompi, 
batur kuring ayeuna nu bisa narima sagala rupa gerentes hate
sugan jeung sugan hayang nulis mairan puisi KK
susuganan bisa, da geuning can nanaon geus cumalimba
hick...hick...hick.... bari nyusutan cipanon meh teu ngucur.

Indung nu kudu dipunjung
Bapa nu kudu didama-dama
Panginten ieu anu kedah dipatri pageuh dina diri urang

Mun inget mangsa ka tukang, sanajan teu ka inget kabeh
Nalika awak can ajeg, leumpang oge masih rarampeolan
leuleumpangan can bisa jauh, sabab can boga tanaga jeung kawani
dedengean, tetempoan jeung pikiran masih keneh can asak
barangdahar oge masih keneh dipilihan, sabab huntu can jaradi kabeh.

Pikeun asup ka hiji waktu anu bisa disanghareupan
ku kawani jeung hate anu jembar ditambah pangaweruh anu cukup
nya indung nu mimiti ngaping, ngajaring mere atikan
didasaran ku nyaah nu teu suda-suda

Kaping 23 September pun biang yuswana 84 taun
Salira tos teu ajeg, angkat oge parantos gagaleongan
angkat-angkatan tos teu tiasa tebih, margi tanaga tos suda
dadanguan, titingalian sareng emutan tos ngirangan
barang teda tos dipilihan, margi waos tos teu utuh

Dina mayunan mangsa nu malik ka tukang
malik jiga urang keur budak
masa urang digulang gaper, diijeujeuhkeun dibere atikan
Can aya nu bisa dilakonan ku si kuring ayeuna
Can bisa ngiriman dua ka Apa dina unggal napas kuring
Can bisa ngaping ka Ibu tiap waktu, sanajan ukur ngareugreug manah
dina mangsa ngarasa rek deukeut balik ka jati mulang ka asal
mugia Ibu, Apa tiasa ngahapunten kalepatan sim kuring
bari teus ngucur cipanon.....hick...hick...hick....

Caaag ah aksara dina kompi ge geus teu katempo.
Tulisan nu teu merenah.
Tapi pikeun sim kuring mah mugia tiasa janten titik panginditan
pikeun leuwih babakti ka Indung nu jumeneng keneh
Apa nu tos ngantun, mugia dihapunten samudaya kalepatanana

baktos
herni boo


----- Pesan Asli ----
Dari: Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]
Terkirim: Jumat, 28 September, 2007 1:32:40
Topik: [Urang Sunda] Kanyaah Indung - Bapa









  


    
            



Kanyaah Indung - Bapa

Ditulis ku: Kebo Hideung

 

Gubrag ka alam dunya, koceak dengekna jentre 
meupeuskeun jemplingna peuting.

Disanggap ku cireumbay kabungah nu jadi kolot. 


Renghap-ranjugna indung nu ngalahirkeun, 


Kahariwangna Bapa anu teu aya watesna 

Kaubaran ku ngagoakna ceurik kuring.

 

Belenyehna seuri kuring matak gumbira anu jadi 
kolot, 

Rengkak polahna kuring jadi bahan gogonjakan anu 
jadi kolot. 

Waktu kuring nandangan lara kolot kuring bingung 
anu teu aya hinggana, 

Teu kuat ngabendung kabingung indung kuring nyegruk 
ceurik. 

Ningali kuring kasampak gering bapa kuring ngahelas 
bangun nalangsa, nalangsa pinuh ku kanyaah.

 

Basa kuring geus jadi nonoman, teu saeutik kuring 
boga masalah

Kasaha deui mun teu ka kolot kuring, kuring 
ngadu

Bapa kuring anu ngabeberes masalah 
kuring

Indung kuring anu ngupahan rasa kasedih 
kuring

 

Ayeuna kuring geus gede

Ayeuna kolot kuring geus rarempo

Asa can pernah kuring mulang tarima

Nu aya ngan ngaririweuh jeung mere kapusing anu 
jadi kolot

 

Boh indung kuring atawa bapa kuring

Dugi kaayeuna kanyaahna teu 
pegat-pegat

Kajeun jauh ditungtung lembur

Kajeun anggang ti pakarangan

Kanyaah indung bapa kuring tetep pageuh teu aya 
watesna

 

Duh...Ema, Bapa  hampura kuring

kuring teu acan tiasa mulang tarima kanu jadi 
kolot

------------ --------- --------- --------- --------- --------- --------- 
--------- --

 

 

 


    
  

    
    




<!--

#ygrp-mlmsg {font-size:13px;font-family:arial, helvetica, clean, sans-serif;}
#ygrp-mlmsg table {font-size:inherit;font:100%;}
#ygrp-mlmsg select, input, textarea {font:99% arial, helvetica, clean, 
sans-serif;}
#ygrp-mlmsg pre, code {font:115% monospace;}
#ygrp-mlmsg * {line-height:1.22em;}
#ygrp-text{
font-family:Georgia;
}
#ygrp-text p{
margin:0 0 1em 0;}
#ygrp-tpmsgs{
font-family:Arial;
clear:both;}
#ygrp-vitnav{
padding-top:10px;font-family:Verdana;font-size:77%;margin:0;}
#ygrp-vitnav a{
padding:0 1px;}
#ygrp-actbar{
clear:both;margin:25px 0;white-space:nowrap;color:#666;text-align:right;}
#ygrp-actbar .left{
float:left;white-space:nowrap;}
.bld{font-weight:bold;}
#ygrp-grft{
font-family:Verdana;font-size:77%;padding:15px 0;}
#ygrp-ft{
font-family:verdana;font-size:77%;border-top:1px solid #666;
padding:5px 0;
}
#ygrp-mlmsg #logo{
padding-bottom:10px;}

#ygrp-vital{
background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;padding:2px 0 8px 8px;}
#ygrp-vital #vithd{
font-size:77%;font-family:Verdana;font-weight:bold;color:#333;text-transform:uppercase;}
#ygrp-vital ul{
padding:0;margin:2px 0;}
#ygrp-vital ul li{
list-style-type:none;clear:both;border:1px solid #e0ecee;
}
#ygrp-vital ul li .ct{
font-weight:bold;color:#ff7900;float:right;width:2em;text-align:right;padding-right:.5em;}
#ygrp-vital ul li .cat{
font-weight:bold;}
#ygrp-vital a {
text-decoration:none;}

#ygrp-vital a:hover{
text-decoration:underline;}

#ygrp-sponsor #hd{
color:#999;font-size:77%;}
#ygrp-sponsor #ov{
padding:6px 13px;background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;}
#ygrp-sponsor #ov ul{
padding:0 0 0 8px;margin:0;}
#ygrp-sponsor #ov li{
list-style-type:square;padding:6px 0;font-size:77%;}
#ygrp-sponsor #ov li a{
text-decoration:none;font-size:130%;}
#ygrp-sponsor #nc {
background-color:#eee;margin-bottom:20px;padding:0 8px;}
#ygrp-sponsor .ad{
padding:8px 0;}
#ygrp-sponsor .ad #hd1{
font-family:Arial;font-weight:bold;color:#628c2a;font-size:100%;line-height:122%;}
#ygrp-sponsor .ad a{
text-decoration:none;}
#ygrp-sponsor .ad a:hover{
text-decoration:underline;}
#ygrp-sponsor .ad p{
margin:0;}
o {font-size:0;}
.MsoNormal {
margin:0 0 0 0;}
#ygrp-text tt{
font-size:120%;}
blockquote{margin:0 0 0 4px;}
.replbq {margin:4;}
-->








      ________________________________________________________ 
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

Kirim email ke