Sae, iasaan geuning neng Herni teh......
herni herningsih <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Tisaprak aya tulisan
"Kanyaah Indung Bapa" (puis eta teh Kang?)
teu weleh inget wae ka KK (Kang Kebo, teu wasa euy nyebutna........)
Tas saur teh ceg kana kompi,
batur kuring ayeuna nu bisa narima sagala rupa gerentes hate
sugan jeung sugan hayang nulis mairan puisi KK
susuganan bisa, da geuning can nanaon geus cumalimba
hick...hick....hick.... bari nyusutan cipanon meh teu ngucur.
Indung nu kudu dipunjung
Bapa nu kudu didama-dama
Panginten ieu anu kedah dipatri pageuh dina diri urang
Mun inget mangsa ka tukang, sanajan teu ka inget kabeh
Nalika awak can ajeg, leumpang oge masih rarampeolan
leuleumpangan can bisa jauh, sabab can boga tanaga jeung kawani
dedengean, tetempoan jeung pikiran masih keneh can asak
barangdahar oge masih keneh dipilihan, sabab huntu can jaradi kabeh.
Pikeun asup ka hiji waktu anu bisa disanghareupan
ku kawani jeung hate anu jembar ditambah pangaweruh anu cukup
nya indung nu mimiti ngaping, ngajaring mere atikan
didasaran ku nyaah nu teu suda-suda
Kaping 23 September pun biang yuswana 84 taun
Salira tos teu ajeg, angkat oge parantos gagaleongan
angkat-angkatan tos teu tiasa tebih, margi tanaga tos suda
dadanguan, titingalian sareng emutan tos ngirangan
barang teda tos dipilihan, margi waos tos teu utuh
Dina mayunan mangsa nu malik ka tukang
malik jiga urang keur budak
masa urang digulang gaper, diijeujeuhkeun dibere atikan
Can aya nu bisa dilakonan ku si kuring ayeuna
Can bisa ngiriman dua ka Apa dina unggal napas kuring
Can bisa ngaping ka Ibu tiap waktu, sanajan ukur ngareugreug manah
dina mangsa ngarasa rek deukeut balik ka jati mulang ka asal
mugia Ibu, Apa tiasa ngahapunten kalepatan sim kuring
bari teus ngucur cipanon.....hick...hick...hick....
Caaag ah aksara dina kompi ge geus teu katempo.
Tulisan nu teu merenah.
Tapi pikeun sim kuring mah mugia tiasa janten titik panginditan
pikeun leuwih babakti ka Indung nu jumeneng keneh
Apa nu tos ngantun, mugia dihapunten samudaya kalepatanana
baktos
herni boo
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo!
Answers
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com