Judul "deudeuh teuing..." asa nunjukkeun eta teh batur.
>

Duh...saderek,  Indonesia teh anjeun.  Urang sarerea. Jadi upami
TII nuding korupsi no sabaraha bae, berarti nuding sorangan.
Mangga taros, sabaraha kali upami urang ngurus KTP teu nganggo 'pelicin'...
Kitu deui ngadamel SIM, atawa anu sanesna. (ngurus pajeg motor jeung imah
anu teu kudu make pangleu-eur mah)
Sim kuring hayang teu korupsi (nyogok), tapi birokrasi di Urang nungtut
kitu. Mun teu kitu, teu bisa.
Conto, basa nguruskeun pindah alamat. Di desa jeung kacamatan, terus terang
maranehna menta. Meh tereh cenah. Ngarana: "uang kebijaksanaan". Mun teu
kitu, paling cepet sabulan karek beres, malah aya anu tilu bulan teu kaluar2
surat pindah na.
Ari nganggo pangleuleueur mah, 2 jam beres!
Kumaha tah....


tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr

"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi--

Kirim email ke