Saha nu bisa mere komando ka petugas kelurahan anu ratusan rebu jumlahna 
sangkan ulah korupsi.
Saha nu bisa nyadarkeun maranehanana.
Maranehanana memang koruptor, najan leuleutikan.
Aya kitu petugas kelurahan anu beunghar, boga sawah upluk aplak, boga imah 
gedong sigrong, sedan weutueh balatak.
Paling paling hasil korupsi maranehanana ngan ukur cukup keur ngajejegan ongkos 
hirup sapope keur maneha pamajikan jeung anak anakna, bari jeung mun anakna 
geus gede can tangtu bisa nyakolakeun anak anakna ka PTN nu alus, da mahal 
teuing. 
Kuring lain ngabela marehanana.
Kuring lain ngahalalkeun nu dipigawe ku maranehanana.
Lamun marehanana teu korupsi, naha dijamin pasualan bakal anggeus?
Moal.
Kalahka level saluhureunana bakal atoh, sabab jatah korupsina nambahan, jatah 
korupsi bawahanana dihakan ku manehna. Upamana aya bawahan anu bener ieu mah, 
jujur sa jujur jujurna "Bapa mangga ieu nyanggakeun artos sesa meser ATK, mung 
kaanggo 75 persen". "Katarima, nuhun" bari lep diasupkeun kana laci, euweuh 
sugan dicatet dina buku kas atawa form resmi, "Ke duit ieu rek diteruskeun ka 
atasan kuring, ngan moal kabeh" ceuk jero hatena. "heu heu heu... kuring 
atohlah mun bawahan kuring jalujur kabeh".     
Kitu deui saluhureunana, beuki luhur beuki parna.
Tiasa kitu eta bawahan jujur, mepelingan ka atasanana sangkan teu korupsi? boro 
boro.
Giliran si bawahan jujur hayang ningkatkeun karir, ku jalan pindah ka bagian 
sejen, dipertahankeun ku atasanana pajarkeun teh "Kuring butuh keneh maneh".
Ieu karek hiji conto, loba keneh conto conto sejena.
  Ngaberantas korupsi kudu ti luhur heula, Top Down cenah. Pamingpin bersih 
otomatis bawahan bersih.
Pamingpin nu ngatur jalana pausahanan/institusi/organisasi, lain sabalikna.
Aya bawahan korupsi, nu rugi pamingpin.
Mun pamingpin kurupsi, nu dipenjara cukup pamingpin,
Mun pagawe korupsi, saha nu rek ditewak terus dipenjara? kabeh? institusi 
bubar, penjara pinuh, pasualan lain rengse, kalahka nambahan.
Atawa mun pagawe korupsi, nu di tewak tetep pamingpin. Pamingpin diganti, 
Institusi jalan terus. Efekna pamingpin bakal ngabina pagawe pagawena sangkan 
digawe sing bener, nyieun peraturan sing bener, nyieun system control 
(keuangan) nu alus, nyieun aturan mekanisme jual beli, pelayanan, administrasi, 
keuangan jeung sajabana sing alus, keur mencegah kebocoran kebocoran.
Contona, balik deui ka kelurahan, papan tarip pelayanan lain ukur hiasan 
dinding, mun aya nu laporan pungli ka Bapa Lurah, pasti Bapa Lurah bertindak, 
da sieun ku aturan, mun pagawe korupsi nu ditewak pamingpin.
Kumaha kajadianana kiwari, laporan naon bae ti masarakat teu dipalire, sabab 
ujung ujungna pungli teh keur jalma nu dibere laporan oge... jeung keur 
atasan...he he...
  Hasil budaya korupsi Top Down jaman orde baru geus nepi ka tingkat pagawe 
kelurahan, pagawe pang hadap handapna.
  Cacakan mun nu diluhur teu korupsi, pagawe leutik kelurahan bisa meunang 
panghasilan leuwih gede dibandingkeun ayeuna (gajih+korupsi). Naon sababna.
Sabab sabenerna mah nudikorupsi ratusan triliunan ku segelintir orang nu 
dibendo teh duit rahayat. Panjanglah caritana ka we ditreraskeun kana jilid dua 
  
  Hanca....
   
  Kang Santosa   
 
    
     
  Ngan ceuk pamadegan kuring mah, teu bisa ngaberantas korupsi ti handap heula, 
rahayat leutik.
  
 

Budyana Yogaswara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Ah ieu mas rek nyanyahoan ... asal engab teu make dasar nanaon 
salian ti akal nurani nu sorana ngajelengeng kana ceuli kuring sorangan.
   
  Salila ieu teuing ti mimiti iraha, urang teh resep pisan moyok/ngoreksi atawa 
meureun ngejejeleh kana kalakuan batur bari jeung tara ningali kana diri 
sorangan. Sok aya rasa ieu aya henteu batur, asa aing uyah kidul meureun, batur 
nu salah mah nu nyababkeun nagara urang balangsak siga ayeuna. Enya nyebut 
salah batur teh maksudna salah pamarentah mah ...birokrasi mah ... elmuwan mah 
... pagawe nagri mah ... jrrd. Na ari anu ngomong euweuh salahna kitu??? 
  Da palinter atuh mun geus jadi komentator mah, ngan mun pas urang jadi nu 
ngalakonan geuning bet teu leuwih alus batan nu kamari dipoyok. Geura tingali 
sababaraha conto:
  -Aya anggota DPR nu ampir jadi mentri agama ... kalakuanna .. naudzubillah. 
Mun jelema sabonggrong mah meureun di maklum keneh.
  -Aya departemen anu ngagugulung masalah agama geuning jelema-jelema nu aya 
dijerona leuwih korup batan jalma nu teu wawuh masjid.
  Punten ieu mah lain deuk ngagogoreng anu saiman ... tapi da geuning ateul mun 
ningali kalakuanna teh. Ari geus ngomong siga nu enya pang akangna ari kalakuan 
pang"bangsatna.
   
  Tah sigana kualatan kalakuan urang nu siga kitu, masalah-masalah di nagara 
teh teu rengse-rengse, da geuning anu ayeuna protes pas manehna naek boga 
jabatan sarua kalakuanna teh jeung nu baheula ku manehna diprotes. Kamari 
gogorowokan menta korupsi dibabad ... na atuh pas manehna nu naek korupsina 
leuwih gelo. Nu jadi hakim jeung jaksa kalahka leuwih jahat batan garong nu 
ditangkepna. Jalma bageur ge kadang sieun ku pulisi da sabagean pulisina leuwih 
telenges batan garong. Nu jadi pajabat teh kari nunggu giliran sial asup ka 
bui, nu teu asup bui eta mah kabeneran wungkul. 
   
  Mun enya mah hayang rengse atuh papada urang sing sadar, ari ngarubah nu gede 
hese mah ubah diri sorangan heula. Perlu memang aya nu ngomentarana da kudu aya 
nu ngageuing bisi batur poho atawa kapoekan. Tapi mun nu ngingetkeun teh 
kalahka ngilu kalangsu lalampahanna pan bahaya tah ... da penjahat pinter mah 
leuwih bahaya batan penjahat bodo. 
   
  Cindekna tulisan kuring mah ... mun hayang boga nagara nu alus pamarentahna 
kudu alus, supaya pamarentah alus, rahayatna kudu alus, rahayatna alus mun 
papada urang nu jadi rahayat sadar jeung lumampah nu balener ... kitu meureun 
... jadi kudu ku urang geuning dimimitianna. tong meulit we ngagugulung nu teu 
beres-beres. 
   
  Punten ah, ieu mah bati engab... da ari elmuna mah sigana teu kahontal.
   
  Salam,

 
  On 9/29/07, Trisno Yuwono Triss <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                 
Memang aya anu acan dilakukan ku ieu bangsa, nya eta  reformasi 
birokrasi.........
  kudu di akui birokrasi urangnu paling brengsek.
  

 
  ----- Pesan Asli ----
Dari: "tams_sariman@ yahoo.com" <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: urangsunda <[EMAIL PROTECTED] ups.com>
Terkirim: Sabtu, 29 September, 2007 7:27:03
Topik: [Urang Sunda] Deudeuh teuing Indonesia

  From: Tatang Abdul Madjid Sariman
E-Mail: [EMAIL PROTECTED]


Punten teu disundakeun yeuh, 


----------------------------------------

26.09.2007

Indonesia Tergolong Paling Korup

Setelah sempat membaik tahun lalu, Indonesia kembali masuk dalam daftar negara 
terkorup di dunia.

Berdasarkan survey indeks persepsi korupsi yang dikeluarkan Transparansi 
Internasional, Indonesia menempati urutan ke 36 negara terkorup didunia. Posisi 
ini hanya lebih baik dari Afghanistan dan Kamboja. Dari Jakarta inilah Laporan 
Zaki Amrullah 
Daftar indeks persepsi korupsi negara sedunia tahun 2007 yang dirilis 
Transparansi Internasional menunjukan, adanya peningkatan trend korupsi di 
Indonesia, yang lebih buruk dibanding tahun lalu. Menurut Ketua Dewan pengurus 
Transparansi Internasional Indonesia, Todung Mulya Lubis, kondisi ini, 
menunjukan kemorosotan pemberantasan korupsi yang dijalankan pemerintah. 
"Indeks Prestasi Korupsi Indonesia kalau tahun lalu angkanya itu 2,4 tahun ini 
merosot menjadi 2,3. ini tentu suatu kemunduran. Indonesia menduduki posisi 
yang ke 143 bersama Gambia, Rusia dan Togo. Indonesia hanya lebih baik dari 
Bangladesh, Kamboja Papua New Guinea, untuk Asia dari Laos dan dari Myanmar" 
Transparansi Internasional menggambarkan, peringkat ini, semakin menegaskan 
kenyataan bahwa korupsi di Indonesia telah terlembaga dan mendarah daging. 
Kondisi ini tak lepas dari kegagalan berbagai tim pemberantasan korupsi yang 
telah dibentuk Pemerintah. Oleh karena itu, menurut Todung Mulya Lubis, 
Presiden Yudhoyono harus mengambil alih langsung penanganan korupsi di 
Indonesia. 
"Kenapa TII tetap menuntut, supaya Presiden mengambil kepemimpinan 
pemberantasan Korupsi, ada 2 hal, memang shok terapy itu penting, kalau tadi 
dikatakan, masih tebang pilih, masih diskriminasi, ya emang itu yang terjadi. 
Me- Nusakambangankan koruptor kakap itu bisa dilakukan, jangan di Salemba, 
jangan di Cipinang. Masukan aja semuanya disana kalau mau, Itu mungkin shok 
Terapy yang bagus. Memory Kolektif kita itu gak berubah karena perilaku 
koruptif masih sangat dominan dimana mana nah merubah perilaku koruptif inilah 
tantangan pemrintah" 
Peran penting Presiden dalam pemberantasan Korupsi ini diakui Ketua Komisi 
Pemberantasan Korupsi Taufiqqurahman Ruki. 
"Negara negara yang pemimpinnya kenceng itu lebih cepat pemberatasan korupsinya 
dilakukan. Kenapa Komisi Korupsi Nigeria berhasil mengejar harta kekayaannya 
yang dikorupsi, karena Presiden menfasilitasi penuh dan memback up sampai 
kekuatan militer sekalipun. Saya kira belum terlambat untuk mrmulai, saya 
berikan ilustrasi kalau kita berhadapan dengan bank yang karatan, Pertama ambil 
oli rem, tetesi kemudian gedor dengan kenceng dengan menggunakan palu agar 
karat karat lepas dan bisa dibuka, nah gedoran ini sebetulnya yang diperlukan" 
Daftar yang dikeluarkan Tranparansi Internasional ini disusun berdasarkan 
survey para ahli di 180 negara. Selain peringkat negara terkorup, yang 
ditempati Somalia dan Myanmar, Indeks ini juga menempatkan negara Denmark, 
Irlandia dan selandia baru sebagai negara terbersih dari korupsi. 
Zaki Amrullah 

http://www2.dw-world.de/dw.php/indonesia/Tagesthema/1..228933.1.html 

Copyright (c) 2007 Deutsche Welle





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id 

Yahoo! Groups Links



  
 


  
---------------------------------
  Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers   
  






  

                         

       
---------------------------------
Shape Yahoo! in your own image.  Join our Network Research Panel today!

Kirim email ke