tong diemutan teuing tukang peuyeum mah, ceu.. bilih teu damang.. hi hi ceu, wilujeng janten tukang ngorong barakatax..
-dul- tukangteuing --- In [email protected], "Roro Rohmah" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Tah*tah* rada ilmiah pedaran ieu mah, Kang Ndoell. Muhun, nya diemut-emut mah karunya ka tukang peuyeum nu tos nikah, haseum we panginten*heheh. > Jigana di Wado mah, biasa kana tahu ari pek kana peuyeum bari tara wawasuh panangan komo deui teu ibak heheh* tos ah, asih saum! > > Haturnuhun Kang Ndoell, > ro2 > > >>> [EMAIL PROTECTED] 10/01/07 11:03AM >>> > > Kuningan ayeuna janten sentra produksi Peuyeum Ketan, > Peuyeum nu dibungkusan ku daun jambu, diwadahan kana > ember hideung, matak katelah "Peuyeum emberan". > > Saur salah sapuluh produsen peuyeum, anu paling penting > dina proses ngadamel peuyeum teh, nyaeta kedah bersih. > Panangan kedah dikumbah, komo tilas ngorong mah (jigana > bilih peuyeumna henteu janten asin). teras ibak heula meh > teu kesangan. Jadi, jigana mah palakiah-na mah mung kedah > "bersih & steril" wungkul. > > soal nu sejen mah...ah mitos we eta mah... > da mun enya kitu mah, atuh karunya ka tukang peuyeum.. > da ngadamel peuyeumna ge tiap dinten..kabayang meureun.. > heu..heu > > Pami amengan ka Kuningan, di pinggir jalan seueur nu icalan > eta peuyeum emberan. Salian ti peuyeum, produk leueuteun > Sirop Jeruk Nipis oge seueur. Botolna diborongsongan ku awi, > meh gampil ngajingjingna. Sami jiga peuyeum, seueur diical > dikios2 pinggir jalan. > > Naha diicalan di pinggir jalan ? soalna mah mun > ditengah jalan mah ngahalangan mobil nu liwat.. > > -dul- > tukangteuing >

