tapi nu edun rasana mah produksi cibeureum tea nya kang.... teh roro nu pangalaman kanu kaseum-haseum teh, boa juragan peuyeum nya...
----- Original Message ---- From: Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Monday, October 1, 2007 1:27:27 PM Subject: [Urang Sunda] re: Peuyeum Ketan Tah…tah… rada ilmiah pedaran ieu mah, Kang Ndoell. Muhun, nya diemut-emut mah karunya ka tukang peuyeum nu tos nikah, haseum we panginten…heheh. Jigana di Wado mah, biasa kana tahu ari pek kana peuyeum bari tara wawasuh panangan komo deui teu ibak heheh… tos ah, asih saum! Haturnuhun Kang Ndoell, ro2 >>> [EMAIL PROTECTED] com 10/01/07 11:03AM >>> Kuningan ayeuna janten sentra produksi Peuyeum Ketan, Peuyeum nu dibungkusan ku daun jambu, diwadahan kana ember hideung, matak katelah "Peuyeum emberan". Saur salah sapuluh produsen peuyeum, anu paling penting dina proses ngadamel peuyeum teh, nyaeta kedah bersih. Panangan kedah dikumbah, komo tilas ngorong mah (jigana bilih peuyeumna henteu janten asin). teras ibak heula meh teu kesangan. Jadi, jigana mah palakiah-na mah mung kedah "bersih & steril" wungkul. soal nu sejen mah...ah mitos we eta mah... da mun enya kitu mah, atuh karunya ka tukang peuyeum.. da ngadamel peuyeumna ge tiap dinten..kabayang meureun.. heu..heu Pami amengan ka Kuningan, di pinggir jalan seueur nu icalan eta peuyeum emberan. Salian ti peuyeum, produk leueuteun Sirop Jeruk Nipis oge seueur. Botolna diborongsongan ku awi, meh gampil ngajingjingna. Sami jiga peuyeum, seueur diical dikios2 pinggir jalan. Naha diicalan di pinggir jalan ? soalna mah mun ditengah jalan mah ngahalangan mobil nu liwat.. -dul- tukangteuing ____________________________________________________________________________________ Fussy? Opinionated? Impossible to please? Perfect. Join Yahoo!'s user panel and lay it on us. http://surveylink.yahoo.com/gmrs/yahoo_panel_invite.asp?a=7

