he he, si teteh keom......nyaan hoyong , nuhun kang mani raos seuri......
ditanggalan sabaraha eta teh..? naha dinten ieu..?
syam <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Eusi Hate Nu Geuliz
Aya nu apal ka abdi? Abdi teh nu katelah neng Euis tea. Lengkepna Euis
Bahenolwati. Asli ti ledeh kehed. Ceuk batur rupa abdi teh cenah geulis. Naha
enya kitu? Panasaran, basa hudang saur, can sibeungeut sibeungeut acan
langsung we ngeunteung bari heuay, ih enya we geuning geulis. Cing tebak
geulis kawas saha? Mun katebak engke dipasihan nomer hape abdi! Bit ketah,
mangga we ketah papantes ku nyalira.
Geulis tur nyari nu kiwari napel diraray abdi. Paingan atuh kamari aya aki
aki ret deui ret deui ka abdi. Dipelong malik melong, ditoel malik noel,
antukna otel, lila lila mah bosen otel jeung aki aki,antukna dampal suku jadi
ateul. Teu antapwarah jekok we ditajongkeun kapalebah mamarasna. Tuman atuh
da, ngan saentasna rada ngajenghok jeung semu kaduhung, sihoreng sedan ferarri
anu nga ngajugrug gigireun manehna boga siaki. Mun apal samemehna meureun moal
wuna wani tujang tajong malah sabalikna kaahlian abdi diwidang ruya rayu bade
diketrukeun.
Sanes agul ieu mah tapi ngawartosan, sanaos geulis abdi mah tara tegaan. Eta
we tos lima jalmi ditampi kalayan kabingahan cintana ku abdi. Balukarna tiap
malem minggu pakarangan abdi jadi ledug da dipake galungan kunu apel, lantaran
lima limana bantrok datang. Mun tos kitu abdi mah sok langsung we nyempod
dijobong bari anteng ngabalesan sms gebetan anyar. Teu aneh cenah nu geulis mah
sok rayungan! Euleuh, tong sambarangan nuduh! Pan tadi ge tos disebatkeun abdi
mah tara tegaan.
Dangukeun geura! Mun disebatan hiji hiji, seueur pisan kauntungan janten nu
geulis teh. Salahsawiosna, tara ringrang tara hariwang pami angkat angkatan
kana beus, sanaos beus padedet pisan, sok aya we nu nawisan calik, nya apes
apesna dipangkon ku supir beus. Ngan sok hoyong ngajiwir ceulina, pami
kaleresan sajok sareng pameget usil, puguh ac beus teh tos tiis,ieu mah der
liangna digedean deui, nya kapaksa abdi nyusup kana kelekna da teu kiat ku
tiris.
Kitu deui mun bulunja balanja, sanaos nawarna ngajulaeut pisan, ih golosor we
dipasihkeun. Sapertos mangkukna, aya tukang gentong nawiskeun gentongna ka
abdi, padahal abdi mah heureuy tuwur tawar soteh, eh dipasihkeun malihan
ditambihan salima lima. Antukna jadi ginggiapeun da gaduh gentong dugikeun
kagenep siki. Saleresna sanes ginggiapeun ku gentongna ketah, tapi ginggiapeun
ku burutna. Sssttt.. tong seueur saur kanu sanes, teu nyangka geuning tukang
gentong teh burut. Burut banget! Padahal sakaterang abdi, pan urusan perburutan
mah tos dimonopoli ku para koruptor. Ah ieu mah moal lepat, pasti koruptor anu
nuju nyamar jadi tukang gentong.
Saleresna teu salamina nu geulis pinanggih sareng kabagjaan, namina oge jalmi
sok aya we apesna. Contona sakumaha anu tos disebatkeun ti payun, kungsi otel
sareng aki aki, atuh kantos diuber uber munding beger, anu enggal keneh kantos
diudag udag anjing edan. Tah nu rada parna mah, basa abdi nuju ngageboy meri
dina trotoar, harita teh nembe pisan hujan girimis. Dak dumadakan suku abdi
tijalikeuh lantaran selop anu dianggo tiporos kana lombang urut galian kabel.
Balukarna tuur donglak karasa nyeri nyanyautan. Keur anteng ngusapan tuur nu
donglak, teu gugur teu angin aya jalma ulungah elengeh nyampeurkeun bari pok
ngomong Maz eh mba eh neng inih rambut palsunya jatoh!
Bakat ku era berebet we abdi lumpat, bari nerelekeun ganjel dada anu pindah
deui pindah deui kana bujal. Duh kieu geuning nasib nu geuliz kajajaden teh!
SR/10/07
*tunduh pagalo jeung peujit murilit
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com