hi hi ...
ngan uing mah rada ngabarakatak teh pas dina palebah :

"...pami kaleresan sa jok sareng pameget usil, puguh ac beus teh 
tos tiis,ieu mah der liangna digedean deui, nya kapaksa 
abdi nyusup kana kelekna da teu kiat ku tiris..."

asa inget ka batur..he he


-dul-
tukangteuing

--- In [email protected], "syam" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Eusi Hate Nu Geuliz
> 
> Aya nu apal ka abdi?  Abdi  teh nu katelah neng Euis tea. Lengkepna 
Euis Bahenolwati. Asli ti ledeh kehed. Ceuk batur rupa abdi teh cenah 
geulis. Naha enya kitu? Panasaran, basa hudang saur, can sibeungeut 
sibeungeut  acan langsung we ngeunteung bari heuay, ih  enya we 
geuning  geulis.  Cing tebak geulis kawas saha? Mun katebak engke 
dipasihan nomer hape abdi! Bit ketah, mangga we ketah papantes ku 
nyalira. 
> 
>  
> 
> Geulis tur nyari  nu kiwari napel diraray  abdi. Paingan atuh 
kamari aya aki aki ret deui ret deui ka abdi. Dipelong malik melong, 
ditoel malik noel, antukna otel, lila lila mah bosen otel jeung aki 
aki,antukna dampal suku jadi ateul. Teu antapwarah  jekok we 
ditajongkeun kapalebah mamarasna. Tuman atuh da, ngan saentasna rada 
ngajenghok jeung semu kaduhung, sihoreng  sedan ferarri anu nga 
ngajugrug gigireun manehna boga siaki. Mun apal samemehna meureun  
moal wuna wani tujang tajong malah sabalikna kaahlian abdi diwidang 
ruya rayu bade diketrukeun.
> 
>  
> 
> Sanes agul ieu mah tapi ngawartosan, sanaos geulis abdi mah tara 
tegaan. Eta we tos lima jalmi ditampi kalayan kabingahan cintana ku 
abdi. Balukarna tiap malem minggu pakarangan abdi jadi ledug da 
dipake galungan kunu apel, lantaran lima limana bantrok datang. Mun 
tos kitu  abdi mah sok langsung we nyempod dijobong bari anteng 
ngabalesan sms gebetan anyar. Teu aneh cenah nu geulis mah sok 
rayungan! Euleuh, tong sambarangan nuduh! Pan tadi ge tos disebatkeun 
abdi mah tara tegaan.
> 
>  
> 
> Dangukeun geura! Mun disebatan  hiji hiji, seueur pisan kauntungan 
janten nu geulis teh. Salahsawiosna, tara ringrang tara hariwang  
pami angkat angkatan kana beus, sanaos beus padedet pisan, sok aya we 
nu nawisan calik, nya apes apesna dipangkon ku supir beus. Ngan sok 
hoyong ngajiwir ceulina, pami kaleresan sajok sareng pameget usil, 
puguh ac beus teh tos tiis,ieu mah der liangna digedean deui, nya 
kapaksa abdi nyusup kana kelekna da teu kiat ku tiris.
> 
>  
> 
> Kitu deui mun bulunja balanja, sanaos nawarna ngajulaeut pisan, ih 
golosor we dipasihkeun. Sapertos mangkukna, aya tukang gentong 
nawiskeun gentongna ka abdi, padahal abdi mah heureuy  tuwur tawar 
soteh, eh dipasihkeun malihan ditambihan salima lima. Antukna jadi 
ginggiapeun da gaduh gentong dugikeun kagenep siki. Saleresna sanes 
ginggiapeun ku gentongna ketah, tapi ginggiapeun ku burutna. Sssttt.. 
tong seueur saur kanu sanes, teu nyangka geuning tukang gentong teh 
burut. Burut banget! Padahal sakaterang abdi, pan urusan perburutan 
mah tos dimonopoli ku para koruptor. Ah ieu mah moal lepat, pasti 
koruptor anu nuju nyamar jadi tukang gentong.
> 
>  
> 
> Saleresna teu salamina nu geulis pinanggih sareng kabagjaan, namina 
oge jalmi sok aya we apesna. Contona sakumaha anu tos disebatkeun ti 
payun, kungsi otel sareng aki aki, atuh  kantos diuber uber munding 
beger, anu enggal keneh kantos diudag udag anjing edan. Tah nu rada 
parna mah, basa abdi nuju ngageboy meri dina trotoar, harita teh 
nembe pisan hujan girimis. Dak dumadakan suku abdi tijalikeuh 
lantaran selop anu dianggo tiporos kana lombang urut galian kabel. 
Balukarna tuur donglak karasa nyeri nyanyautan. Keur anteng ngusapan 
tuur nu donglak, teu gugur teu angin aya jalma ulungah elengeh 
nyampeurkeun bari pok ngomong " Maz eh mba eh neng inih rambut 
palsunya jatoh!"
> 
> Bakat ku era berebet we abdi lumpat, bari nerelekeun ganjel dada 
anu pindah deui pindah deui kana bujal. " Duh kieu geuning nasib nu 
geuliz kajajaden teh!"  SR/10/07
> 
> 
> 
> *tunduh pagalo jeung peujit murilit
>


Kirim email ke