Sanggeus "buka" di lain waktuna mah, kuring jeung Pak Iyus, supir nu ngajemput, jadi galecok ngobrol bari nuju lokasi lapangan di Kalang Balang. Horeng Pa Iyus teh lain asli urang Tanjung Pinang, tapi urang Sumatera Utara (Medan). Ku kuring ditanya kunaon aran teh siga aran Urang Sunda. Manehna nyebutkeun yen Akina mah urang Indramayu nu ngumbara di Sumut. Jadi ceuk manehna mah manehna teh "urang Jawa". Ku kuring disebutkeun Indramayu mah di Jawa Barat jeung kamungkinan Pa Iyus teh turunan Sunda, sabab aran Iyus, teu ilahar dipake ku urang Jawa, tapi biasa di Urang Sunda. Manehna ngahuleng dikitukeun teh .....ukur kunyam-kunyem, ngarasa hanjakal baheula Akina teu kungsi mawa manehna ka Indramayu.
Teu karasa ku ngobrol, tepi weh ka lokasi, tempat kuring kudu digawe. Bener we lokasi teh di sisi laut, teu aya lembur. Lahanna geus lenang, euweuh tatangkalan nu galede, aya oge tunggul-tunggul tangkal bakau, nu acan kasaeur ku taneuh. Ti kajauhan katingali treuk-treuk nu keur ngakutan taneuh ti pasir nu keur dibongkar. Di lokasi ieu rek dijieun PLTU batubara, join antara investor lokal jeung Korea. Di lokasi kasampak Toni, batur kuring nu indit tiheula, dua poe memeh kuring. Awakna geus kaciri leteng hideung, padahal waktu di Bandung mah konengna masih kaciri. Bari nyengir ku panas, manehna ngomong, ripuh cenah euweuh iuh-iuhan pisan, mangkaning teu mawa terpal keur ngiuhan. Kuring nanyakeun mana ari urang Koreana? Euweuh, cenah, lamun saminggu kamari mah araraya. Hih ...hanas kadieu, ceuk kuring teh, nyaho arareuweuh mah si J we nu indit teh ....pirage ukur akar-ukur, teu kudu padungdengan heula jeung "juragan" nu gaduh padamelan. Nya da geus kapalang datang, der we mantuan si J akar-ukur. Bener panas pisan, matak ripuh, topi ditambahan ku saputangan nutupan punduk ulah kasorot teuing panonpoe. Digawe dibantuan pagawe lokal. Bari digawe kuring tunyu-tanya ka pagawe lokal. Rada kaget oge nu digarawe teh lain asli urang Tanjung Pinang, tapi kabeh oge pendatang, aya nu ti Madura, ti Bekasi jeung ti Jawa Tengah. Teu karasa digawe teh tepi ka jam 5 sore. Lumayan geus leuwih satengahna anggeus, jadi isuk digawena paling ge tepi ka jam 10 isuk-isuk. Bisa langsung balik deui ka Batam. Toni jeung si J hayang meuli HP urut di Batam da cenah marurah. Ku Toni, kuring disarankeun sare di Tanjung Pinang, ari manehna mah rek sare di Base Camp konsultan nu aya di jalan Raya Tanjung Pinang-Tanjung Uban. Tapi samemeh balik deui ka Tanjung Pinang, kuring kudu setor beungeut heula ka Team Laeder proyek ieu di Base Camp. Jadi kapaksa lapor heula ka Base camp, nu jauhna 25 km ti lokasi. Ti Base Camp kuring dianteurkeun Pa Iyus ka Tanjung Pinang jam satengah dalapan peuting. Pa Iyus mere saran sare di hotel "H". Kuring ngagugu we, da teu apal. Tepi ka hotel "H", langsung nuju resepsionis, ningali tarif kamar, didinya ditulis kamar "Standar" Rp. 108,000, Kamar "luks" Rp. 128,000, kamar "Superior" Rp. 153,000 jeung kamar pangmahalna Rp. 175.000. Kuring milih kamar Superior, sabab nu sahandapeunana mah tempat tidurna ngan hiji. Jero hate, murah hotel teh, "superior" wae ngan 150,000. Waktu daftar, kuring ngasongkeun KTP, tapi si resepsionis malah menta deposit duit. Rada teu ngeunah oge dipenta kitu teh, da teu pati ilahar ari hotel mah, iwal ti hotel jam-jaman (motel) nu sakapeung tempat ngalakukeun nu teu baleg. Tapi da aturanana, nya langsung dibayar. Kamar teh di tingkat dua. Aya Televisi jeung AC. Kamar mandina make baththub jeung cipanas. Ngan televisina jeung ACna, buatan baheula, teu make remote control. Konci pantona rada macet. Kuring jeung si J langsung mandi giliran terus turun kahandap, rek neangan dahar peuting kaluar. Ngan diluar geus sepi, restoran Padang dihareupeun hotel geus tutup. Kapaksa asup deui ka hotel, nuju restoranana. Si pelayan langsung ngasongkeun daftar menu. Pas dibuka rada ngajenghok sabab dahareunana masakan Cina jeung marahal keur ukuran kuring mah. Daftar menu teh dibukaan, dibulak-balik, akhirna kapanggih anu murah .....nasi goreng Rp, 15.000 .... Wareg dahar, kuring balik deui ka kamar, harita teh geus jam 9 peuting. Nempo TV, ngan basa Cina wungkul, sigana TV ti Malaysia atawa SIngapure. Bari gegelehean kuring nempokeun TV, Si J mah langsung ngaguher sare, cape meureun. Kuring oge lelenggutan, ker weh sare tibra pisan. Hudang-hudang diguyah-guyah ku si J, "Pa Sahur ...Pa Sahur", cenah. Kuring ngorejat, bari nempo arloji, hah ...geus jam genep isuk-isuk. Kuring ngutruk, sahur-sahur nanahon geus isuk-isuk kieu. Siga kieu mah moal puasa deui wae. Gagancangan mandi, giliran jeung si J. terus turun ka lantai hiji, nuju ......restoran rek sarapan. Di resepsionist aya sababaraha urang nu check out, engkong-engkong nu ngaromong basa Cina, anehna maranehna teh rata-rata dibarengan ku awewe ngora, malah bisa disebutkeun barudak nu masih rumaja. Ceuk kuring teh ka si J: "Eta teh anakna atawa naon, nya?" Si J ukur nyengir, bari ngomong: "Ah bapa mah kawas teu ngarti wae ........." [Hanca]

